Asalammuaalaikum,
Hapunten sateuacanna bilih seratan ieu kirang upami, kujalaran dina seratan
Pa Siddik W, aya nu kirang panuju dina salah sawios alinea diantawisna:
3.Ngaraos langkung terhormat janten TKI ka Korea dibanding janten TKI ka
Timteng.
Abdi teu panuju, Ceuk abdi mah nu namina TKI sami wae bade ka Korea, ka
Jepang ,Ka USA , ka Canada ,
Ka Timteng , tetep wae TKI, mung nu ngabentenkeun teh nyaeta : - TKI dengan
Skill sareng TKI Non Skill.
Kapungkur mimitina aya TKI teh keur jamanna Menteri Tenaga Kerja, Pak
Soedomo ( punten bilih lepat)
Tah anu dikintun teh TKW keur PRT (pembantu rumah tangga) , jeung deui
lalaki keur tanaga Supir pribadi,
(lain supir di pausahaan), ka Timteng lolobana mah. Nya loba anu baretaheun,
lamun kabeneran dunungannana bageur , malah mah bisa hirup jiga lain di
Timteng, lantaran dibabawa ku dununganana ngurilingan dunya (ka luar nagri),
tapi loba oge carilaka kulantaran dunungannana henteu jiga jelema, lain jadi
untung malah mah jadi leuwih-leuwih sangsara.
Tah timimiti taun 1996, aya nu nyobaan GO PUBLIK lah gayana mah, nyaeta
nyobaan nawarkeun kabisa ka nagara Kuwait, nya katarima pisan di pausahaan
Petrokimia , atuh gajihna oge wah gede pokona mah, tah tidinya murudul pamenta
ti nagara2 Timteng mimiti ti lulusan SMU, D3,S1,S2. nepi kaayeuna
masih keneh neangan jelema ,anu pangalaman tina widang Petrokimia jeung
Perminyakan. Malahan mah nepi ka beakeun(di Indonesia) neangan tanaga jiga nu
diluhur eta. Jabatan nana ti mimiti bagian operasi (operator), supervisor nepi
ka superintendent. Malahan mah aya hiji nagara, cenah moal narima pagawe lain
lamun lain ti Indonesia. Malah geus nyetop narima pagawe ti nagara lain (jiga
INDIA da geus loba teuing)
(Malah bulan ieu keur aya seleksi keur ka nagara KSA, Qatar , jeung UAE di
Jakarta).
Lantaran bisa nyaingan tanaga ti nagara lain , jiga ti Afrika selatan,
Philipina, India, malahan bisa sarua jeung ti Amrik, (ngan gajihna wae nu beda
da henteu dahar roti)
Sok wae geura longokan ka Nagara Kuwait, Qatar, Bahrain ,UAE jeung KSA, pasti
di tiap Petrokimia atawa Perminyakan pasti aya urang Indonesia. Ieu kabeh Legal
( lain Ilegal). Malah mah pasilitasna oge bisa mawa kulawarga, sakola budak oge
ditanggung,biaya cuti nya kitu oge, biaya kesehatan oge ditanggung, digawe
sabetahna ( komo resepeun pisan) ,lamun rek ngahajikeun atawa umroh mah komo
pisan atuh diijinan.
Bilih teu percanten sok geura amengan ka Cilegon, taroskeun ka tiap pausahaan
Petrokimia, pasti karyawanna alanyar ,lantaran lolobana parindah ka Timteng.
Atuh waktu baralik atawa cuti ka Indonesia oge beda penampilannana oge, da
lain PRT atawa Supir (punten).
Lamun TKI ti Korea pasti buukna teh kelir beureun jeung hejo, baju jean anu
saroek tea , ngetrend lah pokona mah,
Lamun ti Timteng, aya nu jiga Osaama bin Laden ( janggotan), Aya Nu jiga Pa
Haji make kopeah bodas,tah eta pasti anu NON SKILL tea.
Eta meureun nu ngabedakeun teh
Sakitu hapunten nu kasuhun ieu mung kanggo informasi wae.
Salam kanggo TKI nu di Korea, kade buukna tong dikeliran, (ari kelir hideung
mah teu nanaon)
Caag Ah,
ngadepong deui,, bari noong Ua Sas. bisi dagangannana maruragan.
Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Saleresna Korea mah teu
tiasa disebat negara tujuan "trafficking", leres seueurna mah
WNI di Korea anu janten TKI, kirang langkung 25 rebuan, namung TKI anu di
Korea
kalebet TKI technician, margi seuseueurna daramel disektor-sektor industri
menengah/
kecil, sok sanaos aya oge anu damel di sektor pertanian, peternakan sareng
pamayang/penangkapan ikan, anu tiasa dikatagorikeun kana kasus "trafficking"
mah,
dugi ka ayeuna moal dugi ka 100 jalmi.
Malih mah kabeh dieunakeun aya sababaraha TKI anu nyepeng posisi dipausahaan
di Korea.
Perkawis Jabar lebet kana daftar korban trafficking, tiasa janten mangrupi
hiji kataledoran
di instasi anu berwewenang di lembur, margi seueur kasus nami palsu, tempat
asal
palsu, cobi we ;
1. dina paspor diserat namina "Oooo", asal/tempat lahir/alamat, hiji
tempat/kota di Jabar,
hal nu ieu sanes sakedik, tiasa ngaratus upami teu ngarebu oge.
2. dina paspor antawis nami sareng tandatangan pemegang, teu ngaharib-harib,
tebih
tanah kalangit.
3. upami digeroan/dipanggil nami dina paspor, seueur anu teu sadar, ngajentul
we..
saparantos ditalek, nembe ngajawak : oh iya paspor saya..., padahal
titadi nami
anu dina paspor dicalukan sababaraha kali.
4. Para TKI anu ka Korea seuseueurna tipulo Jawa, disusul ti pulo Sumatra,
sapertos provinsi Sumut sareng Lampung, salajengna di kapuloan Sunda kecil
sapertos Sumbawa sareng sajabina, sakedik ti Sulawesi sareng Madura.
ti daerah sanes mah seueur nu lapur...teu aya.
Lebetna Korea kana daftar tujuan trafficking, tiasa janten kuayana
"permainan" para
calo, Korea dijantenkeun "batu loncatan" kanagara sanes (sapertos postingan
sim abdi
sabaraha waktos kapengker), rerencangan anu sok sering ka airport, sering
mendakan
rombongan wanoja ( 5 dugi ka belasan jalmi), anu mung ukur transit ngantosan
pesawat
ka Tokyo (kantos dipostingkeun nami sareng alamat agenna di Jakarta).
Sababaraha perkawis anu ngajantenkeun murudulna TKI ka Korea ;
1. Korea ngajatah TKA ti Indonesia 9 rebu sataunna (saparantos aya MOU G to G)
dugi ka ayeuna nembe kacumponan 4 rebuan.
2. Sesahna/teu ayana lahan pakulian di lembur, cobi wae tos sabaraha pabrik
PMA
anu tutup/kabur ka nagara sanes.
3. Ngaraos langkung terhormat janten TKI ka Korea dibanding janten TKI ka
Timteng,
4. Seueur anu sukses, paling henteu nambih pangalaman kanggo modal bersaing
upami ngalamar janten padamel pabrik di Indonesia.
Kasus-kasus anu sok sering kajantenan ;
1. Pacengkadan antawis TKI sareng bossna alatan gaji sareng jam kerja anu
henteu
sami sareng kontrak (akhir-akhir ieu tos ngirangan)
2. Papaseaan/garelut/tawuran antawis TKI ti hiji daerah sareng TKI ti daerah
sanes.
3. Papaseaan/gelut sareng TKA tinagara sanes.
4. Papaseaan/gelut sareng atasan ku alatan no.1
5. Kena razia ku pulisi imigrasi kanggo TKA ilegal.
6. Kirangna bekel (pengarahan ti lembur) anu ngakibatkeun hal alit janten
ageung.
Sakitu, manawi aya mangfaatna.
Pihatur,
ssw
waluya56 [EMAIL PROTECTED]
Beu euy..... geuning Jabar teh panglobana ngirim "budak belian"?.
Wartosna tina PR dinten ieu:
80% Korban "Trafficking" Asal Jabar
Didominasi Kab. Indramayu, Karawang, Subang, dan Cianjur
BANDUNG, (PR).-
Dari 117 sampel kasus perdagangan anak dan perempuan (trafficking)
yang terjadi tahun 2004-2006, menunjukkan 80% di antaranya
melibatkan korban asal Jawa Barat. Dari jumlah itu, daerah asal
korban didominasi dari Kab. Indramayu, Karawang, Subang, dan Cianjur.
Paparan itu disampaikan Deputi Kesejahteraan dan Perlindungan Anak
Depkes RI yang juga Sekretaris Nasional Gugus Tugas Penghapusan
Perdagangan Anak dan Perempuan Indonesia 2002-2006, Dr. Tubagus
Rachmat Sentika di Bandung, Rabu (9/5). Rachmat memberikan advokasi
kepada Komisi E DPRD Jabar yang tengah menggagas lahirnya perda
tentang penghapusan trafficking di Jabar.
Ia memaparkan, 117 kasus itu hanya sampel. Di sisi lain, setiap
tahun Indonesia mengirimkan 2,9 juta tenaga kerja wanita (TKW) ke
mancanegara. "Dari hasil studi, 10 persen dari jumlah TKW itu, yakni
290.000 bermasalah, termasuk kasus trafficking. Bahkan dari jumlah
yang bermasalah itu, baru 10 persen yang ditangani," ujarnya.
Khusus untuk kasus trafficking yang melibatkan korban warga negara
RI di Malaysia, sepanjang 2006 mencapai jumlah 2.846. Sedangkan
jumlah akumulasi selama 4 tahun dari 2003-2006 mencapai 8.886
kasus. "Negara lain yang menjadi tujuan dari sindikat terorganisasi
adalah antara lain Hongkong, Jepang, Swedia, Korea ."
Menurut Rachmat, trafficking sangat terkait erat dengan persoalan
sosial ekonomi. "Tingginya angka pengangguran dan kemiskinan
masyarakat, menjadi penyebab utama tingginya kasus perdagangan
perempuan dan anak. Tapi yang paling mengkhawatirkan, di daerah
tertentu sudah terkait dengan persoalan kultural. Masyarakat justru
memandang anaknya yang dipekerjakan dalam jaringkan trafficking itu
sebagai aset keluarga," tuturnya.
Ia mengatakan, belum adanya langkah pemerintah menganggarkan dana
berbasis APBD untuk aksi konkret, perang terhadap trafficking, bisa
menjadi indikator ketidakpedulian dalam perlindungan anak-anak dan
perempuan.
"Sampai tahun 2002, Indonesia masih termasuk negara yang selama 10
tahun tidak melakukan apa pun untuk memerangi trafficking. Sehingga,
PBB memberikan sanksi tidak memberikan bantuan kemanusiaan
(humanitarian aids)."
Oleh karena itu, akhirnya keluar Keppres 87/2002 tentang kebijakan
nasional penanggulangan trafficking. Nah, kalau sampai tujuh tahun
hingga sekarang, keppres itu tidak ada tindak lanjut rencana aksinya
di daerah, kita bisa mempertanyakan komitmen dan iktikad politik
pemerintah daerah," tutur Rachmat Sentika.
Mengagetkan
Ketua Komisi E DPRD Jabar Nur Supriyanto mengakui data dan fakta
yang dipaparkan cukup mengagetkan. "Angka 80 persen dari kasus
trafficking di Indonesia melibatkan korban asal Jabar, tentu harus
menjadi kepedulian. Kita tidak bisa apa-apa, karena datanya konkret
dan valid, hasil dari penelitian dan survei di lapangan," katanya.
Kasus yang sudah telanjur terjadi, harus dilakukan penanganan
khusus. "Tapi, ke depan kita harapkan Jabar dan kota/kabupaten
lainnya bisa menyusun perangkat hukum yang bisa lebih menjangkau
upaya penanggulangannya. Advokasi ini menjadi langkah awal
penyusunan peraturan daerah (perda) penghapusan trafficking di
Provinsi Jabar,"ucap Nur Supriyanto.(A-64)***
.
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
---------------------------------
We won't tell. Get more on shows you hate to love
(and love to hate): Yahoo! TV's Guilty Pleasures list.