Waalaikum salam wr. wb.
  Hapunten oge...anu dimaksad teh kitu, TKI Skilll sareng TKI Non Skill, 
  margi seuseurna TKI ka Korea garaduheun skill, sok sanaos sanes tanaga ahli.
  Tanaga akhli ku sim abdi henteu dilebetkeun kana katagori TKI, margi tiasa 
  nyaliara kana profesi anu sanesna sapertos anu damel di badan-badan 
Internasional,
  pilot-pilot kapal udara, anu damel di perwakilan pamarentah sareng sajabina.
  Perkawis rambut dipulas leres eta anu dihanjakalkeun, sajabina ti eta oge 
khusus, 
  TKI anu pameget, miang ti lembur rambut dipotong biasa, sabaraha taun di Korea
  rambut dibuntut kuda, namung kumaha da teu tiasa di hulag.
   
  Pihatur,
  ssw
  

hidayat sutrisna [EMAIL PROTECTED]
            Asalammuaalaikum,
  Hapunten sateuacanna bilih seratan ieu kirang upami, kujalaran dina seratan 
Pa Siddik W, aya nu kirang panuju dina salah sawios alinea diantawisna:
  “ 3.Ngaraos langkung terhormat janten TKI ka Korea dibanding  janten TKI ka 
Timteng.”
  Abdi teu panuju, Ceuk abdi mah nu namina TKI sami wae bade ka Korea, ka 
Jepang ,Ka USA , ka Canada , 
  Ka Timteng , tetep wae TKI, mung nu ngabentenkeun teh  nyaeta :  - TKI dengan 
Skill sareng TKI  Non Skill.                                                    
                                            
  Kapungkur mimitina aya TKI teh keur jamanna Menteri  Tenaga Kerja, Pak 
Soedomo ( punten  bilih lepat)
  Tah anu dikintun teh  TKW keur PRT (pembantu rumah tangga) , jeung deui 
lalaki keur tanaga Supir pribadi,
  (lain supir di pausahaan), ka Timteng lolobana mah. Nya loba anu baretaheun, 
lamun kabeneran dunungannana bageur , malah mah bisa hirup jiga lain di 
Timteng,   lantaran dibabawa ku dununganana ngurilingan dunya (ka luar nagri), 
tapi loba oge carilaka kulantaran dunungannana henteu jiga jelema, lain jadi 
untung malah mah jadi leuwih-leuwih  sangsara.
  Tah timimiti taun 1996, aya nu nyobaan GO PUBLIK –lah gayana mah, nyaeta 
nyobaan  nawarkeun kabisa ka nagara Kuwait, nya katarima pisan di pausahaan 
Petrokimia , atuh gajihna oge wah gede pokona mah, tah tidinya murudul pamenta 
ti nagara2 Timteng  mimiti ti lulusan SMU, D3,S1,S2.          nepi kaayeuna 
masih keneh neangan jelema ,anu pangalaman tina widang Petrokimia jeung 
Perminyakan. Malahan mah nepi ka beakeun(di Indonesia) neangan tanaga jiga nu 
diluhur eta. Jabatan nana ti mimiti bagian operasi (operator), supervisor nepi 
ka superintendent. Malahan mah aya hiji  nagara, cenah  moal narima pagawe lain 
lamun lain ti Indonesia. Malah geus nyetop narima pagawe ti nagara lain (jiga 
INDIA da geus loba teuing)
  (Malah bulan ieu keur aya seleksi keur ka nagara KSA, Qatar , jeung UAE di 
Jakarta).          
  Lantaran bisa nyaingan tanaga ti nagara lain , jiga ti Afrika selatan, 
Philipina, India, malahan bisa sarua jeung ti Amrik, (ngan gajihna wae nu beda 
da henteu dahar roti)
  Sok wae geura longokan ka Nagara Kuwait, Qatar, Bahrain ,UAE jeung KSA, pasti 
di tiap Petrokimia atawa Perminyakan pasti aya urang Indonesia. Ieu kabeh Legal 
( lain Ilegal). Malah mah pasilitasna oge bisa mawa kulawarga, sakola budak oge 
ditanggung,biaya cuti nya kitu oge, biaya kesehatan oge  ditanggung, digawe 
sabetahna ( komo resepeun pisan) ,lamun rek ngahajikeun atawa umroh mah  komo 
pisan atuh diijinan.
  Bilih teu percanten sok geura amengan ka Cilegon, taroskeun ka tiap pausahaan 
Petrokimia, pasti karyawanna alanyar ,lantaran lolobana parindah ka Timteng.
  Atuh waktu baralik atawa cuti ka Indonesia oge  beda penampilannana oge,  da 
lain  PRT atawa Supir (punten).
  Lamun TKI ti Korea pasti buukna teh kelir beureun jeung hejo, baju jean anu 
saroek tea , ngetrend lah pokona mah,
  Lamun ti Timteng, aya nu jiga Osaama bin Laden ( janggotan), Aya Nu jiga Pa 
Haji make kopeah bodas,tah eta pasti anu NON SKILL tea.
  Eta meureun nu ngabedakeun teh
  Sakitu hapunten nu kasuhun ieu mung  kanggo informasi wae.
  Salam kanggo TKI nu di Korea, kade buukna tong dikeliran, (ari kelir hideung 
mah teu nanaon)
  Caag Ah,
  ngadepong deui,,  bari noong Ua Sas. bisi dagangannana  maruragan.



      Recent Activity
    
      16
  New Members
  
      4
  New Photos

Visit Your Group 
  SPONSORED LINKS
      
   Culture change  
   Corporate culture  
   Cell culture  
   Organization culture  
   Tissue culture

      Got Yodel?
  Best Yahoo! Yodel
  Give us your best
  yodel and win!

    Yahoo! Mail
  Get on board
  You're invited to try
  the all-new Mail Beta.

    Y! Messenger
  Want a quick chat?
  Chat over IM with
  group members.



  .

 
         


http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Kirim email ke