Enya nakituna mah ABRI oge manusa jeung ulah sipil wae anu ngalanggar teh tapi
naha anu ditewakna ngan wani ka sipil hungkul ari ABRI mah terus bae genah
merenah tur tumaninah ngalaju dina bahu jalan.
surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
ABRI oge manusa ! Maksadna sarua wae jeung
rocker..jeung anu resep jalan dina bahu jalan..maenya
sipilwae anu ngalanggar teh...bagi2 ah...anu resep
ngalanggar...!
--- Akhmad Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Enya puguhan tapi ari ka anggota ABRI anu sejenna
> henteu wanian nyarekan atawa nilang. Geus papada
> nyaho yen urang teh teu meunang ngalaju tutumpakan
> dina bahu jalan (utamina di jalan tol), tapi sim
> kuring mindeng nempo aya mobil plat no aparat
> pamarentahan (ABRI) (punten ka uwa Djaka) anu
> sangeunahna bae ngajalankeun mobilna dina bahu jalan
> padahal loba pak pulisi anu keur patroli tapi polisi
> teu wanieun nyarek. Dina hiji mangsa mah di tol
> Gatsu ngarayap rada macet tapi eueweuh mobil anu
> laju dina bahu jalan na ari biur teh mobil plat ABRI
> sangeunahna ngaliwat dina bahu jalan atuh terus bae
> aya anu nurutan ngudag tukangeunnana. Ti kajauhan
> katempo aya pulisi keur patroli eeee anu ditilang
> teh eta mobil anu tukangeun mobil tangtaya, ari
> mobil tangtayana mah terus bae laju bari asup
> katengah sakeudeung tapi biur deui bae dina bahu
> jalanna.
>
> Kasimpulannana mah emang geus kitu bae meureun
> adatna rumasa aing jadi aparat meunang ngalanggar
> aturan padahal meureun anu sakuduna mah nyontoan ka
> rahayat. Sanes kitu!! Saneeeeeees atuh kumaha aing
> we.
>
>
> WAG
>
>
> Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Henteu kombes, henteu kopral, meni
> hararese upami urusan sareng militer atanapi pulisi
> mah, nya teh?
>
>
> Pangalaman teh Roro tiasa dijantenkeun pelajaran
> kanggo menangani urusan sareng militer / pulisi.
>
>
>
> Abdi oge gaduh dongeng nyaeta dina dinten ahad
> sababaraha taun kapengker. Kajantenannana mobil abdi
> mundur waktos liren dina tanjakan jalan Kalibata,
> payuneun lampu lalulintas, teras nabrak hulu mobil
> beus angkutan jemputan tantara / karyawan dephan,
> mung nabrakna henteu tarik aris laun pisan.
>
> Supir beus (jigana mah sipil) teh nididan; dijawab
> ku abdi teh ku gupay saparantos muka kaca jandela,
> sanes gupay katresna tapi gupay nyuhunkeun
> dihapunten.
>
> Saparantos lampu hejo, abdi mengkol ka kenca ka
> jalan Dewi Sartika. Henteu dinyana mobil tantara teh
> ngudag bari nididan. Atuh abdi teh nyisi teras turun
> ka luar mobil. Mobil tantara oge nyisi teras liren.
> Kawawang teh garwana supir nyarekan bari tutunjuk.
> Supir na oge molotot ngan teu seueur carios jiga
> garwana. Abdi enggal neda dihapunten sareng
> ngajelaskeun yen nabrak teh henteu dihaja kumargi
> jalanna mudun sareng remna kirang pakem, langkung ti
> eta mobil beus tantarana oge da teu lecet-lecet
> acan. Saparantos dijelaskeun kitu, supirna ngamaphum
> teras nyarios lain kali hati-hati yah!. Iyah,
> terima kasih pak. Alhamdulillah, urusanna henteu
> kapapanjangan.
>
> Namung tina kajantenan eta, tiasa ditarik kacindekan
> yen urang sipil (kalebet orang terdekatnya misalna
> garwa supir dina kajantenan ieu) anu caket sareng
> militer atanapi fasilitas militer gaduh kacondongan
> kana jumawa / arogan oge.
>
> Tah kitu dongeng abdi mah.
>
> Wassalamualaikum wr. wb.,
> Asep
>
>
>
> Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Pami ningali tina alamat korban, Ms. Jeannie
> Kiagoes sanés jalmi samanéa kedahna mah tiasa
> ngalacak sareng milarian info kedah kamana
> nyanggakeun kuitansina. Komo tos pararuguh mobil
> carens abu-abu biasana mobil dines, anjeuna KOMBES,
> nya sumpingan wé ka kantorna...
> Abdi gé badé ngadongéng ah
punten nganggé basa
> cohag, nyanggakeun, mugia mangpaat.
>
> Sabab musabab kacilakaan keur nyupiran di jalan
> salian ti kandaraanana (Sundana?) jeung jalana
> ruksak, nyupirna bari ngebut, tunduh jeung mabok,
> kuring hayang nambahan hiji deui nyaéta tong
> bobogohan bari nyupiran. Naon sababna???
>
> Kajadian ieu karandapan di taun 2004 ku adi bungsu
> kuring nu karék bisa nyupiran mobil. Harita wanci
> reup-reupan, jaba tas hujan gedé, adi kuring
> nginjeum mobil nu lanceukna (adi kuring nu kadua)
> keur nganteur kabogohna balik ka imahna.
>
> Teu lila, aya telepon ti adi kuring bari ngadégdég,
> Ceu, kuring nabrak mobil batur ti tukang, jalmana
> ngamuk, rék ka imah ayeuna!
Innalillahi wa inna
> ilaihi roojiuun
awak kuring langsung leuleus euweuh
> tangan pangawasa, gék diuk dina korsi bari
> ngahuleng. Komo, indung kuring langsung pias, rawah
> riwih ciga nu rék ceurik. Kuring béakeun mikir, kudu
> kumaha? Walah
timana kuring ngaganti mobil nu
> ruksak? Mangkaningan keur meujeuhna paceklik, can
> gajihan? Adi kuring nu boga mobilna geus samutut
> bari ngutruk, baroraah bisa dipéntaan keur
> ngagantian, ambek wé nu aya.
>
> Reg, mobil adi kuring eureun hareupeun imah, disusul
> mobil hiji deui diparkir di lapangan poli, Mazda MR
> 94 kelir hideung platna oranyeu dikurilingan ku
> gurat konéng, teu salah deui mobil dines HANKAM!
> Teuing kunaon, ujug2 ngagerentes dina haté,
> Alhamdulillah nuhun Gusti, mobil dines
> geuning
.héhéh, geus dibéré cilaka masih kénéh
> nganuhunkeun. Lain kunanaon
sugan jeung sugan mobil
> dines mah bisa saeutik ngagantianana.
>
> Sup adi kuring, kabogohna jeung dua korban nu
> mobilna katabrak ka tepas. Nu hiji ngora kénéh,
> rambutna cepak, nu hijina deui geus kolot rada
> lintuh ngelapan beungeut ku saputangan da kahujanan.
> Sanggeus sung song sasalaman bari jamedud oge,
> kasopanan mah kudu pan? Sanggeus ngabetem sababaraha
> lila, der wéh kukuring ditanyakeun kajadianana
> pangna bisa tabrakan. Sihoréng adi kuring téh
> geumpeur aya mojang geulis, hérang méncrang di
> gigireunana, teu ngarasa yén jalanna leueur tas
> hujan. Keur asyik ngawangkong jeung kabogohna, bari
> teu ngatur lolongkrang jeung nu hareupeun
ujug2
> jedak! Ditambah deuih teu mawa SIM da tinggaleun.
>
> Ari nu katabrakna, nyaritakeun yen maranéhna keur
> ngajugjug ka Soréang rék nepungan dulurna. Manéhna
> nyarékan ka adi kuring meuni laklak dasar jeung
> ménta ganti rugi, ampir-ampiran ditonjok (ceuk
> kabogoh adi kuring). Nya kitu deui salila
> babadiamian jeung kuring, napsu tamu nu ngorana
> angger ngagugudag! Siga nu rék ngerekeb-ngerekeb waé
> ka adi kuring. Salila badami téh, si tamu nu gendut
> teu weléh kukurilingan panonna ningali kaayaan. Bréh
> téh poto Bapa kuring maké baju dines jeung
> babaturanana, manehna rada leuleuy. Indung kuring
> nerangkeun, yén bapa kuring gé tentara tapi geus
> maot.
>
> Supados jéntré mana nu reksakna, sareng kedah
> sabara abdi ngagentosna urang sauran wé atuh
> tatanggi abdi nu gaduh bengkél, ceuk kuring usul da
> teu ngarti deuih kana urusan momobilan. Maranéhna
> nyatujuan. Wah, nya wé
mobil dines téh kentob
> tukangna péngok ditanduk ku beusi paragi ngahalangan
> bémper (Protect Bumper) alias tanduk mobil adi
> kuring.
>
> Sanggeus ditingali, ditelek-telek, dikira-kira kudu
> sabarahaeun, tatangga kuring ngomong,Mmmm
Pak pami
> badé dikabéngkélkeun ayeuna mangga, ku abdi
> dilereskeun. Kuring nawarkeun dioméan harita kénéh
> di béngkél tatangga kuring méh kanyahoan béak
> sabaraha-sabarahana. Maranéhna keukeuh da mobil
> dines, kudu harita kénéh dibawa balik ka Jakarta.
> Kuring angger boga curiga, sieun ditipu digedéan
> mayar karugian, ari maranéhna keukeuh mbung dioméan
> di Bandung. Tungtungnamah disaksian ku tatangga
> kuring, mobil manéhna dibawa ka Jakarta, kuring kudu
> ngagantian karugian ditransfér sanggeus gajihan Rp.
> 600.000,-
>
> Karék inget, ceuk Bapa kuring (jenatna) mun aya nu
> ngaku-ngaku ABRI/Polisi pénta kartu anggotana. Nya
> ku kuring maranéhna dipénta KTP jeung kartu anggota.
>
> Cik manéh mawa teu? ceuk nu gendut kanu ngora.
> Ah, nggeus nu manéh we atuh. Ceuk nu ngora kanu
> gendut (Harrr
kalahka patuduh-tuduh?).
> Song wéh diasongkeun kartu leutik, sihoréng lain
> kartu anggota tapi kartu ngaran.
> Letkol (Laut) D dinesna di MABES Cilangkap. Nya,
> kapaksa wé kuring percaya. Manéhna dibéré kartunama
> kuring, bari ménta no HP. Teu gaduh HP Pak?...
> ceuk kuring da sieun dipaké teu puguh, Moal nya teu
> gaduh HP wayah kieu? ceuk manéhna deui teu
> percayaeun. Tungtungna ku kuring dibéré no telepon
> imah.
>
> Saminggu sanggeus kajadian éta, aya fax asup ka
> komputer kuring. Manéhna nagih, tapi aya perincian
> biaya karuksakan mobil jumlahna ngagedéan, teu
> kira-kira jadi 2 juta! Tuh, bener rarasaan kuring
> teu salah pasti ditaékeun. Atuh puguh, kuring
> geumpeur kacida
duitna timana?! Kuring langsung
> nelepon ka kantorna, teu diangkat. Ka imahna teu
> diangkat. Wah, ieu no telepon palsu cigana! Fax
> kadua
=== message truncated ===
__________________________________________________________
8:00? 8:25? 8:40? Find a flick in no time
with the Yahoo! Search movie showtime shortcut.
http://tools.search.yahoo.com/shortcuts/#news
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com