Wa'alaikumsalam wr. wb. hatur nuhun ka kang Toni anu parantos medar hasil kongres dinten kamari di bumina MJ, oge teu hilap kanggo MJ salaku shohibulbaith kana panampianana mugia Allah Swt ngabales sagala kasaean ieu ku amal nu manglipet ganda....amin. teu hilap oge ka baraya kusnet (US) anu parantos nyempetkeun waktos kanggo sumping, atuh kanggo anu teu sempet sumping ngahaturkeun kana pido'ana Alhamdulillah naon dipharep ku urang sadaya tiasa kalaksanakeun kalayan lancar, mudah-mudahan naon anu parantos ku urang dilakonan salamina aya dina ridlo Allah sareng kenging maghfirah ti Allah Swt...amin.
sakedik bade nambihan, kanggo HBH kapayun insya Allah bade disarengan ku Bakti sosial kanggo masyarakat sabudeureunana dimana HBH dilaksanakan ku mangrupi ngabagikeun paket sembako ka masyarakat anu kirang mampu dina segi ekonomi, kumaha prakprakanana insya Allah bade didugikeun saenggalna margi hal ieu masih dina tahapan usulan mudah-mudahan tiasa kalaksanakeun. Kanggo pelaksanaan HBH insya Allah baris dilaksanakeun dina ping 27 - 28 Oktober 2007 dinten saptu - minggu (dua minggon saatos boboran Idul Fitri) mudah-mudahan teu aya parobihan waktos. sakitu anu kapihatur, hatur nuhun kana sagala perhatosanana... wassalam, "kkbm'69" (Pupuhu HBH 2007)

