Kang Toni oge baraya sadayana.
Punten kuring karek datang ka Rajamantri tabuh 14.30.
Perkawis tempat HBH, manawi teh tos paheut di Bumi Perkemahan Mashudi
Kiarapayung, Jatinangor? Gening masih keneh 3 lokasi nu diajengkeun?
Kaleresan kuring nu kawitna ngusulkeun Dago Resort, mung saatos dicek, mung
tiasa nganggo aula wungkul, janten teu aya kanggo nginep. transportasi sesah.
Janten kedah tos dicoret tina daftar.
Upami Bumi Kitri sareng Bumi Perkemahan Mashudi, usulan ti Kang Dede Mariana.
Bumi Kitri aya aula sareng tempat nginep. Lokasi di Cikutra, transportasi
gampang, mung cenah di kota teuing, upami bade aya acara bakti sosial rada
sesah, nginep bayar.
Pilihan nu ceuk abdi mah rada pantes, nyaeta di Bumi Perkemahan Mashudi. Eta
oge nu kamari katangkep ku kuring, salaku tempat nu bade dipilih, jalaran
tempatna di gunung, caket sareng masyarakat, ngan rada sesah transportasina,
teu aya angkot dugi ka gunung.
Ieu mah mung pendapat abdi, mangga nyanggakeun.
Baktos,
-ika-
[EMAIL PROTECTED] wrote:
Assalamu'alaikum wr.wb.,
Laporan KONGRESS KUSnet Kaping 13 Mei 2007, Di Jl. Rajamantri Kaler No.23
Wilujeng enjing baraya sadayana...
Alhamdulillah KONGRES kamari tos dilaksanakeun di bumina MJ,Jl. Rajamantri
Kaler No. 23 Buah-batu Bandung,
Haturnuhun nu utamina mah ka MJ salaku sohibulbaet,tos anu tos kagareuwahkeun
ku ayana Kongres kamari,oge kana panampian
sareng nyampakeun susuguhna, komo kana STO(Sangu Tutug Oncom)na mah...da'
simkuring mah karek 2x mendak STO teh
saumur nyunyuhun hulu he..he...Haturnuhun pisan, oge ka sesepuh Uwa Sas(resep
kana pedaranana masalah Kujag),Bah willy oge A.A.Misan (Uwa Misan kitu Pantesna
asanamah)gagah ning Uwa Misan teh,...oge kanggo sadayana baraya anu ti
suklakna-tisiklukna,tos kersa Rurumpaheun ka Bumina MJ kanggo ngiringan Kongres
dinten kamari
Acara dilaksanakeun bari santei....
Anu Sumping dina nungkulan Acara inti na mah aya sekitar 19 Jalmian,diantawisna
anu kacatet ku Simkuring :
- MJ (Mang Jamal) salaku Sohibbulbaet
- Uwa Sas
- Bah Willy
- Uwa A.A. Misan
- Kang Iim (Boim /Kujangs Kembar kkbm69)
- Kang Asep
- Kang Gibson
- Kang Dick2
- Kang Badrudin
- Kang Roisz
- Kang Kumi (Kumincir/I.A.Adnan)
- Kang Toni Sofian (Simkuring)
- Teh Imas
- Neng Egi (Lygia Nostalina)
- Neng Rini
- Neng Gia (Gege)
- Neng Iva
- Neng Linda
- Neng Pupi Widyamulya (Misnem)
- oge aya keneh anu sarumping cenah saatos jam 2 kaluhur
Hapunten kanggo anu teukacatet.....(saha kitu?)asana mah mung sakitu
Acarana Inti mah dikawitan ti jam 11an dugi ka jam tuang siang waktu Rajamantri
diantarana wae anu di agendakeu teh nyaeta , garis-garis badagna masalah:
- Nunjuk Tonggong Anggota Panata Calagara HBH KUSnet taun 2007
- Nyawalakeun Pitempateun kanggo HBH KUSnet taun 2007
- Acara Anu bakal di laksanakeun dina HBH 2007
- Waragad
Kanggo Kapanitiaan/panata calagara anu tos kabentuk nyaeta diantawisna
strukturna siga kieu :
Pelindung : Kang Ganjar Kurnia (Usulan MJ)
Pamangku Hajat : Syarifuddin Siddik Wiradiredja (apih Sidik)
Penasehat : Para KUNCENS
Ketua : Kang Iim Ruhimat (kang Boim)
Wk. Ketua : Toni Sofian (cep Deden)
Sekretaris : Neng Egi
Bendahara : Teh Imas
kalayan di bentuk oge Seksi-seksi :
Seksi Akomodasi/Konsumsi : - Bah Willy&Istri (pami acara diayakeun di
Bui Kitri)
- Kang Kumi & Nyi Misnem (lamun
acarana Diayakeun di BP. Kiara Payung)
Seksi Dokumentasi : - Kang Sony ( disuhunkeun rido
galihna)
- Wa Yani/Rahmat Rawyani (disuhunkeun
rido galihna oge)
- Kang Bowie (Wibowo /BI, Disuhunkeun
Ridona)
Seksi Acara : - Kang Ikmal (Disuhunkeun Ridona)
: - Neng Wida/Sireum Hideung
(disuhunkeun Ridona)
: - Neng Anita (disuhunkeun Ridona)
Pembantu Umum : - Sadayana Nu Ngarasa Miboga kana HBH
KUSnet 2007
anu di koordinator-an ku : - Kang
Irpan Rispandi sareng Kang Bohay(disuhunkeun ridona)
Seksi Bazaar : - Kang Agus PAKUSARAKAN (Disuhunkeun
Ridona)
Bilih aya nukirang mangga ditambihan ..
kanggo Pitempateun HBH 2007, masih tetep aya 3 tempat diantarananyaeta :
- Dago Resort (aula Pertemuan) di Dago
- Bumi Kitri (Hotel/tempat pertemuan), di Cikutra
- Bumi Perkemahan Kiara Payung (wisma,tempat pertemuan jeung Perkemahan)
Teu acan diputuskeun dimana2na mah kamari teh...
Acara anu bakal dilaksanakeun kira-kira diantarana :
- Silaturahmi
- Pangleler Ka Kuncen2 Situs sareng Budayawan/Seniman Buhun
- Pagelaran Kesenian (Diusahakeun aya Beluk cenah)
- Acara Nanggap Inohong Moyan ngeunaan KASUNDAAN(kalebet dijerona aya interaksi
tanya-jawab)
Waragad
HBH KUSnet teh diluluguan Ku Apih Sidik mimiti taun 2004 nu diayakeun di
Cimalati,HBH 2005 Di Cipanas-Puncak,
atuh HBH 2006 anu kamari diayakeun di Pasantren Keresek-Cibatu, Garut
Anu sadayana waragadna di waragadan ku Sponsor Tunggal nyaeta Apih Sidik
Nyalira.
Ieu teh salah sahiji Prodak Unggulan KUSnet,anu wajib hukumna di tuluykeun tiap
taun dimumulekeun,
kamari-kamari aya nu ngomong yen asa Teu ngarasa miboga kana satiap HBH
teh,kulantaran teu ngiluan ngawaragad
jeung urangoge mereun moal ngagantungkeun ka apih sidik wae, kukituna
dimimitian HBH 2007 ieu
malah tos dimimitian waktu KOPDAR di langsat tanggal 14 April2007 kamari, yen
Urang sarerea
dipasihan kesempetan jang nyieun kahadean mantuan waragad dina HBH KUSnet 2007,
nyaeta
kirang langkung anu kamari di langsat mah sepakat masihan 100.000,-(saratus
rewu)/jalmi, tapi eta oge sanes harga Mati
lamun aya weh anu langkung hoyong mantuan langkung tisakitu nya ditampi pisan
kalayan kabingahan, atuh cenah teu mampu
nya samampuna we da' sakalideui sanes harga mati ngan eta mah jang patokan
wungkul.
Sakitu wae anu kacatet ku simkuring mah.....
bilih aya nu bade nambihan...mangga ditambihan, bilih aya nu lepat mangga
lereskeun,
cenah Kamari teh masih sueeur keneh nu sumping ka Bumina MJ teh saatos urang
(anu ti Jakata)mulih,
panginten aya padungdengan anyar....mangga dipedar wae...
Wassalam,
-toni sofian-
---------------------------------
Now that's room service! Choose from over 150,000 hotels
in 45,000 destinations on Yahoo! Travel to find your fit.