Bade ngiring masamoan,ngawangkong sato undur-undur ras inget ka jaman abah keur budak. Kaulinan barudak urang lembur harita jeung babaturan sok paloba-loba nguseup undur-undur . Teupira nguseupna kubuuk,di puter-puter kana kakawahan sayang undur-undur,bilih bapa2 anu dugul alias lenang teu rambutan bade nyobian nguseup,nyuhunkeun bae ulah lepat tina mastaka ibuna,rupina ulah sambarangan rambut......heu.....heu.......bilih teu nyanggut...[hapunten landong manyun] Rupina sanes undur-undur bae,kapan kutu oge tiasa dianggo panyakit konengeun alias Liver dilebetkeun kana cau atanapi dikana kapsulkeun . Manusa usaha Alloh anu ngadamangkeun.
----- Original Message ---- From: Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Friday, May 11, 2007 4:11:54 AM Subject: Re: [Urang Sunda] [w] undur-undur Nuhun Kang Kumi pedaran undur-undurna… Di tempat pangkulian sanes pangulinan heheh…nuju “ngetop” undur-undur teh obat alamiah paragi kasawat Diabetes. Aya raina rerencangan kadar gulana dugi ka 400, ngaleueut undur-undur nu dilebetkeun kana kapsul kosong. Alhamdulillah, lamina saminggu lungsur kadar gulana janten 200. Di jaman ayeuna hese pisan milarian undur2 teh. Kapungkur mah sok mendakan di taneuh garing dipengkereun sakola atanapi bangunan, ayeunamah seuseueurna tos katutup ku paving blok. Dugi ka aya apotek nu kersa ngagaleuh undur-undur bakat ku diperyogikeun. Wah…ciganamah lumayan tah kangge ladang bisnis heuheu… ro2 >>> [EMAIL PROTECTED] .net 05/10/07 10:45PM >>> Undur-undur mangrupakeun hiji kulawarga serangga dina orde Neuroptera, kagolongkeun salaku Myrmeleontidae (kadang diéjah Myrmeleonidae ), tina basa Yunani "myrmex" (nu hartina "sireum") jeung "leo(n)" (nu hartina "lion"); genus nu paling dipikawanohna mah Myrmeleo. Ngaran undur-undur sabenerna mah nujul ka hambalan larva tina ieu kulawarga sato, sedengkeun bentuk sawawana mah arang langka aya nu méré ngaran, sabab tara katempo ku manusa (liar peuting). Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

