balik maning nang undur-udur,
hatur nuhun,
tos dipilari bukuna oge teu aya.
 
ngan asa panasaran muruhkeun tos kakumpul meh 200 ekor sugan
......rek dinaonkeun?
aaahh dicobabaan we ku dewek....diteleg siah!!
tos meunang tilu peuting ieu neureuyan 
sa jam saeungeusna
ngesang nepi kasirah-sirah.
seger, seger
 

-----Original Message-----
From: Roro Rohmah [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, May 11, 2007 4:03 PM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] [w] undur-undur





Heheh...tah, numawi Kang Yuli abdi nembe ngotektak di ramat loka teu 
mendakan...rupinamah teu acan aya nu "ngeuh" ngabudidayakeun undur-undur. Duka 
pami di toko buku mah...aya panginten bukuna.
 
Kang Eddy, leres da kedah diemam hirup-hirup, khasiatna aya didinya.
Saur rerencangan nu kantos nyobian ngalebetkeun undur-undur dina sagelas cai 
nteh amis, tiasa janten pait. Numawi dilebetkeun kana kapsul kosong oge meh 
rada "undur-undurawi" heheh...sanes manusiawi...
Mugia mitoha Kang Eddy sing enggal damang, pun biang mah dipiwarang oge 
alimeun...ke, bade diolo ah...
 
ro2.

 
>>> [EMAIL PROTECTED] 05/11/07 03:47PM >>>

istighfar 'kang
maenya nyebat ka mitoha "diteleg"
jiakakakakak
 
eh bener yeuh kumaha beh gancang ngalobaan...
kude jadi lebena kitu?

-----Original Message-----
From: Heryadi, Eddy [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, May 11, 2007 3:39 PM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] [w] undur-undur





hahaha... si kang Yuli... katarik yeuh.... sigana lumayan oge nya kang?
Tapi sanes...geh-geran ieu mah....
mitoha sim kuring gaduh panyawat asam urat.... geus macem - macem ubar dicobian 
tapi sigana can aya anu cocok
tah...bakat ku hayang cageur tea... aya anu masihan saran ku undur - undur...
da...teu kireum - kirim..... di teleg... hirup -hirup...
ari ceuk adi beuteung teh.... Pa... di paehan heula atuh... bisi balik deui....
Alhamdulillah... katinggalna mah... aya kamajengan
 
Baktos,
 
-eddy-



 

Kirim email ke