Perkawis naskah sunda kuno, seueur pisan anu teu acan di transkrip kana aksara laten, malah saurna rebuan keneh, anu ayeuna aya di pusnas (cobi aos artikel kenging kang HW di http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2007/052007/13/99fokus.htm ). Sok sanaos tos seueur anu ditarjamahkeun kana basa Sunda kiwari sareng basa Indonesia diantawisna : Siksakandang Karesian, Ratu Pakuan, Sewaka Darma, Carita Parahyangan, Amanat Galunggung, Bujangga Manik, Jati Raga (aos buku Gambaran Kosmologi Sunda/Undang A Darsa, Edi S Ekadjati), sste Upami ningal buku Naskah Sunda Inventarisasi dan Pencatatan/Edi S Ekadjati sareng buku Koleksi Naskah Nusantara Jilid 5A (husus Jawa Barat), naskah Sunda teh seueur pisan. Upami aya maksad bade nalungtik, sae ameng we ka PSS (Pusat Studi Sunda) Jl Taman Kliningan II No.5 Bandung, atuh upami hoyong ningalian anu sakadarna mangga ameng ka sim kuring di Rumah Baca Buku Sunda di Perumahan Margawangi Jl Margawangi VII No.5. Bandung.
Sakantena ngawaler ka Kang Arif anu naroskeun hartosna Sunda, upami numutkeun buku Sajarah Sunda/Ma'mun Atmamiharja/Ganaco 1958, nyebatkeun : dina basa Sangsekerta, Sunda (jangkar kecap Sund) teh caang, moncorong, Berg nyebatkeun tina kecap Suddha anu hartosna bodas. Dina basa Kawi hartosna cai, tumpukan, pangkat, waspada, Kitu deui upami bade nyandak tina buku Kasundaan Rawayan Jati/Hidayat Suryalaga/Wahana raksa Sunda 2003, hartosna Sunda teh seueur pisan sadayana ampir sawanda sareng anu diserat ku Pa Ma'mun. Mangga bandingkeun sareng kamus Sunda-Inggris Jonathan Rigg/1862 (ieu kamus saurna mah bade mindo citak ku Kiblat Buku Utama), anu hartosna : ngarangkep, ngahiji, naek/ ngapung (tina kecap unda). Dina Kamus Sunda Danadibrata/ Kiblat/ 2006 ge sami kitu. Ieu mah nga saukur ngabejaan bulu tuur, tamba kawaranan teuing. Aya saena dileukeunan milarian tina buku buku nu tos aya. Buku ngeunaan Sunda seueur pisan, tapi seueur keneh anu teu acan katalungtik. MSasmita ----- Original Message ----- From: ilham nurwansah To: [email protected] Sent: Monday, May 14, 2007 12:29 PM Subject: [Urang Sunda] naskah sunda kuno assalamu'alaikum. sampurasun! bade tumaros upami naskah-naskah sunda kuno anu aya di tatar sunda ayana di mana wae?sareng deuih ari naskah-naskah sunda teh aya sabaraha hiji anu tos ditarjamahkeun..? hatur nuhun.... ----- Original Message ----- From: Arif_tea_atuh To: [email protected] Sent: Saturday, May 12, 2007 6:02 PM Subject: [Urang Sunda] nepang keun nepangkeun, simkuring nembe ngiringan forum ieu sareng nyuhun keun bantossan na, da simkuring teh palay pisan teranng kana sejarah bangsa SUNDA, janten punten bade nyuhunkeun infona.. nami simkuring arif, lahir di bandung ayeuna abdi teh nuju sibuk kanu teu jelas, ari maksad simkuring mah tos di sanggeum keun, nyuhun keun bantosana weh Hatur Nuhun

