bela dirina pelahap jengkol...sareng peuteuy..

Enya nya ari urang beuki katelah intelek..kunaon loba
jelema anu ngarasa risi..lamun manehna disebut beuki
jengkol... jeung peuteuy. Ibu2 oge lamun meuli peuteuy
dipasar tterus papanggih jeung baturna anu kelas
sosialna leuwih luhur...terus can ditanya oge ...ngeus
nembal..."bade ngadamel sambel goreng" (padahal rek
dibeuleum jeung jambal roti !). tapi aya oge..budak
ngora eksekutif pas abdi tuang di Warmo tebet siang2 ,
turun tina C-240..dep sumadep mesen lauk
asin,pindanng, semur jengkol sareng gepuk. keur asyik2
emam..ari pek teh gorowok manehna bari seuhah; " Bi
rendang jengkolna tambah". ieu budak nggeus teu boga
life trend barrier sigana...normal..simple and easy.

Tina anu golongan anu ngahandapkeun dahar jenkol jeung
peutey..saya mah can gaduh rationale anu pas, eta
ngalarang jengkol sareng peuteuy teh. Aya hiji Ustadz
anu nyebatkeun eta teh makruh...Ah abdi mah teu
percaya..kabebasan interpretasi...jengkol
terus..peuteuy terus...Rarasaan leuwih bersih jeung
kuang ijid dibandingkeun dahar bangkong, keong, oray
di restoran mewah. pek weh....
--- : boedax angon: : Mon May 14 19: 15: [EMAIL PROTECTED],
[EMAIL PROTECTED];;;;;,
":: boedax angon ::" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

> JERING
>    
>   Dini hiji mangsa aya sibule ngasaan hiji kadaharan
> di AMIGOS atawa “Agak Minggir dekat Got Sedikit”
> atawa Warteg tea. Si Bule ngasaan semur jengkol
> mimitina mah rada eraan naha basa diasaan teh ajib
> pisan rasa. Laju weh si bule nanyakeun ka tukang
> warung teh dimana cenah kudu meulina, ku tukang
> warung di bejaan di pasar.
>    Hiji mangsa si bule teh ka pasar, laju ditanya
> kutukang dagangna deuk meuli naon, sabab lila jasa
> si bule teh kurulang kuriling di ieu lapak teh, laju
> weh si bule ngajawab yen manehna deuk meuli hiji
> kadaharan tapi poho deui naon ngaranna,teu sadar
> mereun si bule ieu kabelet hayang hitut, pretttttt
> sora hitutna bari ka-ambeu kutukang dagang bauna bau
> jengkol, jeung si tukang dagang  antukna nyahoeun
> rehna si bule teh keur neangan jengkol.
>               Lamun ngomong jengkol atawa ati maung
> ningan lain urang wae nu beuki teh, geuningan urang
> deungeun ge beuki.Tapi ari kitu mah jengkol teh geus
> kakoncara kamana-kaman nepikeun si bule ge beuki
> kanu jengkol oge.Malahan mah aya hiji wewengkon di
> bogor nu ngaranna Bojong Jengkol di Kecamatan
> Ciampea Bogor, salian ti eta ge jengkol ge aya di
> Sineron nyatea “Juragan Jengkol”.
>               Jengkol atawa Jering teh  mun ceuk
> basa ilmiahna mah Pithcellobium jringa salah sahiji
> tutumbuhan has Asia Tenggara, jeung kaasup bahan
> pangan, jengkol teh kaasup “polong-polongan”.Mun
> ningali klasifikasi ilmiahna jengkol atawa jiringa
> teh kawas dihanda ieu
>   Kerajaan          : Plantae
>   Fillum               : Magnoliophyta
>   Kelas               : Magnoliopsida
>   Ordo                : Fabales
>   Familia : Fabaceae
>   Subsuku           : Mimosoideae
>   Genus               : Pithecellobiumi
>    
>               Jengkol nu sakanyo kuurang kabehan
> bisa didahar seger keneh atawa diolah saperti
> disemur tea jiga ati maung. Aya oge jengkol nu
> digoreng nepikan ka rangu, laju dipurulukan uyah
> bari daharna di cocolkeun ka sambel, basa di gegel
> teh karasa pisan ngeunahna jengkol teh.
>               Salian ti atah keneh jengkol ge kiwari
> geus bisa “didevelop”(nginjeum istilah IT), saperti
> kurupuk jengkol, jeung kiripik jenkol. Nu sakaingeut
> mah kurupuk jengkol ti baheula geus aya, bentukna
> teh baruleud dijualna teh 500-an isina aya kanu 10
> buledan bari dibungkus plastik
>   Salian ti kurupuk aya oge nu ngaranna kiripik
> jengkol. Ieu kadaangan teh kawas emping nu asalna
> tinu tangkil teuing jigana deuk saingan jeung emping
> tea. Carana ge teu jauh jeung nyieun emping digencek
> nepikeun ka gepeng, laju dipoe sina garing jeung
> digeoreng dinu minyak anu panas.
>   Aya oge hiji jinis jengkol nu diaranana sepi,
> nyaeta ngarebus jengkol di hiji larutan nu ngandung
> abu gosok. Ieu sepi teh bisa ge jengkol anu di
> “kecembahkan”, nyaeta ngubur jengkol dinu taneuh
> jerona 10 cm laju disiram cai tiap poe salila 2
> minggu.
>   Tapi aya oge efek mun urang ngadahar jengkol teh,
> mereun geus teu bireuk deui. Salah sahijina nyaeta
> bau nu matak kacida. Aya oge efek nu lian oge nu
> diaranan asam jengkolat (jencolid acid), ieu nu
> ngapangaruhan ka ginjal. Sabab ngaruh ka ginjal teh
> asam jengkolat teh ngeyeumbeu atawa hese larut di
> cai antukna ngeyeumbeu di ginjal, jeung matak
> ngabentuk  “kristal padat”. Tapi ieu ge mun pH
> geutih urang netral asam jengkolat teh “fine-fine
> sajah”, nang mun pH geutih urang kurang ti 7,
> kristal teh bakal aya.
>   Tapi sanajan kitu ge jengkol teh pernah jadi
> filosi dakwah nah Kang Haji Rhoma Irama, manehna
> ngingeutan urang ka jengkol. Sabab can aya teknologi
> nu bisa nyieun jengkol teh. Sok sanajan AS kaasup
> nagara kuasa nu maju ku pasawat terbang, satelit
> jeung rudalna tapi can bisa nyiuen jengkol, jadi
> jelema tong adigung sabab nyiuen bau jengkol ge can
> bisa (sumber PR).
>   Jengkol ge lambang “persahabatan”, kunaon kitu.
> Pernah aya nu nga SMS nu eusina “.. haap segera
> datang sebab pesta jengkol akan segera dimulai”. Ieu
> SMS ti babaturan nandakeun jengkol lambang
> pergaulan. Komo mun urang ngadahar jengkol teh
> dibareungan ku sangu lieweut, goreng peda, goreng
> tempe, sambel jeung lalab.Ditambahan deui  ku cai
> anu haneut, teu kabayang nikmatna basa geus dahar
> jengkol teh di surudut ku cai haneut bari haneut
> kuku sok komo sirah mah kesangan jeung ci panon
> nyuruk , duh nikmat na Gusti.
>   Jadi jengkol teh hiji warisan ti kolot urang ka
> urang, kunaon disebut warisan. Mereun ceuk kolot
> baheula mah mamatah ka urang teh dimana jeung iraha
> bae andika tandang makalang ulah poho kanu
> purwadaksina sabab dinu kiwari ngancik bihari seja
> ayeuna sampeureun jaga, atawa ceuk basa kiwari na
> mah tong mopohokuen warisan kolot . 
>   Apanan ceuk cenah ke riwayat kakayaan nu di bogaan
> ku nagara urang geus aya label milikna jepang atawa
> sngapura kawas batik,angklung,tempe geus diaku-aku
> ku si jepang,malaysia tea, piraku ayeuna jengkol
> kudu kapimilik ku maranehna oge. 
>    
>   Cag ach
>   Yayan Mulyana
>   http://yayanm.wordpress.com
>   http://gocities.com/jajaka_subang
>    
> 
>        
> ---------------------------------
>  Yahoo! Answers - Got a question? Someone out there
> knows the answer. Tryit now.



 
____________________________________________________________________________________
Don't get soaked.  Take a quick peak at the forecast
with the Yahoo! Search weather shortcut.
http://tools.search.yahoo.com/shortcuts/#loc_weather

Kirim email ke