Muhun maksadna aya tanda tanya teh....bilih lepat nyeratna mimindengna pan 
kacaletot sareng tidadalagor tur sabulangbentor we kadituna mah enya sikuring, 
upami nyepak ball mah kokoredeun meureun hehe...
   
  miripis, ngepruy, leles tah hujan poyan! hujan es oge! bisa oge hujan angin
   
  urutkeun deui:
  1. miripis
  2. ngepruy
  3. poyan
  4. angin
  5. angin dor-dar gelap
  6. hujan es
  7. ngecrek
  8. ...................
   
  Di padumukan mah mun hujan poyan teh dititah kudu nyiwit ceuli sorangan 
"saeutik", hilap deui totondena mah.
   
  hehe...hujan batu? 
  hujan cipanon kabungah 
  hujan getih? guyang getih? ah mending gaduh asihan "arjuna guyang" we!
  nu babar mah hujan-heujeun nya? 
   
  nuhun ah
   
  siporenges

Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          nambah bah, di lembur kuring mah no hiji jeung dua disebutna teh 
hujan miripis (teu aya tanda tanyana hehe) jeung hujan ngepruy. nambah nu 
lianna:
    
   hujan poyan, hujan tapi cahya panonpoe masih aya. biasana ku kolot baheula 
sok geuwat dititah make susumping. mun henteu ke peuting didatangan maung, 
cenah. percaya we da teu apal maung geu ampir musnah di jawa.   
   hujan es, hujan cai campur batu es. ngarusak suhunan  
   hujan batu. sok aya dina paribasa "leuwih hade hujan emas di lembur sorangan 
tinimbang hujan batu di lembur batur" :D  
   ...


haha tas ah,

dh
  On 5/15/07, brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            
  Upami di kampung sikuring, standarisasi hujan teh,
   
  1. Miribis? (miripis?) atanapi murubuy : hujan leutik nu ngamimitian rek 
hujan gede.
  2. Ngeprul? : hujan leutik tapi panon poe tetep caang biasana sakedap? 
  3. Ngagebret : hujan gede, leubeut pisan teu sirikna dicicikeun ti langit
  4. Angin dor-dar gelap : hujan gede dibarengan angin, kingkilaban & sora 
gelap di ditu di dieu
  5. Ngecrek : hujan leutik tapi waktuna lila pisan  
  6......................?
   
  tah upami "muruhmuy"  ilaharna dilarapkeun kana sabangsaning beuleum atanapi 
kulub atanapi oge seupan hui boled, sampeu, hui kumeli, waluh sareng 
sabangsana. duka mana tah anu leres teh saur kamus? Sumuhun ieu mah 
"luhur-handap sora" anu katewak ku ceuli sikuring! 
   
  baktos,
   
  siporenges 
   



___ 




-- 
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com   

         

       
---------------------------------
Moody friends. Drama queens. Your life? Nope! - their life, your story.
 Play Sims Stories at Yahoo! Games. 

Kirim email ke