Aya beja cenahmah kantor kabupaten rek pindah ka daerah TALUN (Tegal kalong) 
Sumedang realisasina geus dimimitian cenahnah dana oge geus turun 400milyaran. 
lamun ennya mereunan balik deui ka asal soalna baheula oge da perkantoran 
kungsi di Talun pernahna di Tegal Kalong. Kantor anu ayeuna ceuk beja rek 
dipake gedong kabudayaan kabupaten sumedang.
mudah-mudahan geus kantor anu anyar sumedang bisa leuwih ngaronjat dina sagala 
widang pangwangunanna.

Kuncen Kasep
Darmaraja, Sumedang


----- Original Message ----
From: Ade Fitriana <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, May 15, 2007 8:50:04 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Dollar turun ........

Duka atuh asa matak bingung....ti kapungkur ge ari rupiah naek (mun ceuk 
para pengamat mah "menguat") para ekonom jeung pejabat kalah sok siga nu 
teu suka, sok gancang-gancang dikomentaran "terlalu menguat" 
-aneh...?.Moal kitu sieun investasi dollar-aranjenna nilai na 
anjlok??.punten suudzon.

waluya56 wrote:
>
> Baraya, geus aya dua mingguna niley rupiah naek tina dollar. Dollar
> ayeuna hargana disahandapeun 9000 perak. Ieu teh tanda-tanda naon
> nya? bakal jadi alus atawa tambah goreng ekonomi Indonesia teh. Ceuk
> dina koran, Menteri kaduitan malah ngomong kudu ati-ati, sabab tanda-
> tanda ieu, ngaharib-harib jeung kaayaan samemeh krismon 10 taun
> katukang. Jeung deui anehna, ceuk na koran oge, lamun meser dollar
> tunai, ayeuna kacida hesena. Di tempat panukeuran duit, dollar
> kurang/ teu aya.
>
> Satadina mah ngarasa atoh dollar turun teh, sabab budak nu cikal
> ngurihit hayang notebook/ laptop, butuh cenah keur di sakolana. Can
> dipangmeulikeun da nyaeta mahal. Tah meureun lamun dollar turun mah,
> barang elektroinik oge ngilu turun, kabeuli yeuh laptop teh.
> Kabeneran deuih kuring boga tagihan di salah sahiji pausahaan
> konsultan di jakarta.
>
> Eh ...barang ditagih, kalahka sasadu, menta tempo, pausahaan acan
> dibayar oge ku klienna, sabab klienna ayeuna embung ngaluarkeun duit
> dina rupiah nu hartina ngaluarkeun dollar leuwih loba. Ah nasib,
> euweuh untungna geuning keur kuring mah dollar turun teh.
>
> Cik kira-kira ka baraya anu terang, rek aya naon nya ieu teh?
>
> Baktos,
> WALUYA
>
> 
> ------------ --------- --------- --------- --------- --------- -
>
> No virus found in this incoming message.
> Checked by AVG Free Edition. 
> Version: 7.5.467 / Virus Database: 269.7.0/804 - Release Date: 5/14/2007 4:46 
> PM
> 





 
____________________________________________________________________________________
Don't pick lemons.
See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos.
http://autos.yahoo.com/new_cars.html 

Kirim email ke