Tiasa janten dugaan saderek leres, margi upami ningal kakayaan para pejabat anu 
diumumkeun aya rekening aranjeuna dina wujud artos asing (dolar). upami dolarna 
teras lungsur tangtosna ge rugel, etanganana janten sakedik rupiahna . Saha wae 
anu nyarimpen hartana dina dolar atanapi artos asing sanesna, miharep rupiah 
lungsur. Kiwari kumargi dolar lungsur hartosna rupiah janten awis. Kapalay anu 
nyarimpen kakayaananan dina dolar teh ngarep-ngarep dolar naek rupiah lungsur, 
janten kakayaan aranjeunna otomatis narambihan.
   
  Naon anu ngajantenkeun dollar turun? masalah ieu aya talitumalina sareng 
widang politik oge. Urang ngabandungan dolar turun teh basa resafel kabinet 
sareng dikawitan ku ditawisna perjanjian ekstradisi sareng Singapura. Hartosna 
kunaon dolar janten turun? Saur pengamat mah ayana "sentimen pasar", anu 
positif atanapi negatif, gumantung timana ningalina. 
   
  Dina ekonomi aya tilu pasar, nyaeta pasar artos, barang&jasa, oge pasar 
tanagi manusa (buruh/pekerja) atanapi pasar kerja. Hubungan sareng pangaos 
dolar oge saling pangaruhan. Upami negara urang dipandang sae kanggo investasi 
asing, tangtos pasar artos banjir artos asing (dolar). Ditambih deui ku hasil 
pasar kerja (luar nagara) ngarintun artos asing ka kampungna sewang-sewangan. 
sadayana eta artos pasti diical/digentoskeun kana rupiah. 
   
  Di dieu hukum ekonomi pasti wujud pangaos rupiah janten majeng; etage upami 
BI teu ngarespon pasar artos; kedahna supados rupiah stabil BI tiasa 
ngalungsurkeun RR (cadangan satiap Bank), sahingga rupiah tiasa saimbang di 
pasar artos. Upami diantep ku BI, pangaos barang ekspor urang janten awis, 
tiasa janten devisa lungsur? 
   
  Memang aya "paradox", tojaiah antawis kaperyogian naekana investasi supados 
lowongan padamelan ningkat, atuh kadituna anu nganggur tiasa damel; sareng 
kaayaan pasar artos anu tadi, nyaeta rupiah janten naek. Mungkin kanggo nagara 
anu "seneng" ngimpor, dolar turun teh aya saena oge, margi ku rupiah anu sami 
jumlahna ayeuna mah tiasa kenging dolar langkung seueur. Hartosan barang impor 
janten rada mirah? Kanggo ekonomi urang kaayaan kieu teh ngurihit, margi tadi 
tea pangaos barang ekspor urang janten lungsur. Oge kanggo ekonomi tempatan 
(dalam negeri) kirang sae, margi pangaos marajeng, malah aya gejala inflasi. 
Naha bet kitu? Waleranana teu gampil? Kedah sadaya menteri ngiring milari jalan 
kaluarna masalah ieu.
   
  Toongan simkuring naha kaayaan sapertos di luhur tadi tiasa ngaganggu 
ekonomi? Diantawisna pangaos barang-barang janten naek, ongkoh rupiahna naek? 
Palebah dieu oge hukum ekonomi anu teu tiasa ditawis. Nyaeta upami anu 
baralanja teras-terasan (balanja naon bae) naha barang modal kanggo investasi, 
naha barang sadidinten. Di pihak anu ngical janten paciweuh alias pakepuk, 
buktosa di kota jlug-jleg mall+mega mall, teu aya anu manyun; upami anu 
ngadaramel barang (produsen) nyayogikeunana teu sabanding, komo upami pabrikna 
tutup (PHK) buruhna mah. Pasti atuh pangaos barang marajeng. Ditambih deui ku 
agen-agen (Broker)/spekulan, ngamaenkeun lancarna aliran barang, tambih runyem 
pisan deuih. Solusina kedah aya kawalan ti pihak anu kawasa (Pamarentah), nya 
menteri tea, sasuai sareng widangna kuanjeun. 
   
  Upami mung teori hungkul mah hasilna mung bau baham lah. Numawi menteri2 teh 
ulah mung di kantor damelna teh, hayoh bae rapat, meeting di hotel ini itu, 
seminar di di mana-mana. Tapi rahayat ngoceak ngalantri bade meser oge, sanes 
bade nyuhunkeun, kirang diperhatoskeun. Puguh deui anu nganggur mah, kapan teu 
saeutik anu arangkat ka luar nagara milarian damel sanaos bari nyambung nyawa 
oge sawios asal tiasa kenging rejeki? 
   
  Cobi pasti aruninga di kantor-kantor (Pajak) etah nganteri waduuuh. Padahal 
rek mayar lain rek menta. Tah dina segi eta oge teu lancarna artos lebet ka kas 
nagara, tiasa janten kamampuan nagara teu sasuai sareng irama kagiatan ekonomi 
masyarakat. Jadi koncina mah nya SDMna, rasa tanggung jawab, "Commited to ...." 
mung slogan. Arek kumaha bisa naekeun anggaran balanja atuh?  Hanca......
   
  Tos ah ngacapruk teu karuhan.    
       

Ade Fitriana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Duka atuh asa matak bingung....ti kapungkur ge ari rupiah naek (mun 
ceuk 
para pengamat mah "menguat") para ekonom jeung pejabat kalah sok siga nu 
teu suka, sok gancang-gancang dikomentaran "terlalu menguat" 
-aneh...?.Moal kitu sieun investasi dollar-aranjenna nilai na 
anjlok??.punten suudzon.

waluya56 wrote:
>
> Baraya, geus aya dua mingguna niley rupiah naek tina dollar. Dollar
> ayeuna hargana disahandapeun 9000 perak. Ieu teh tanda-tanda naon
> nya? bakal jadi alus atawa tambah goreng ekonomi Indonesia teh. Ceuk
> dina koran, Menteri kaduitan malah ngomong kudu ati-ati, sabab tanda-
> tanda ieu, ngaharib-harib jeung kaayaan samemeh krismon 10 taun
> katukang. Jeung deui anehna, ceuk na koran oge, lamun meser dollar
> tunai, ayeuna kacida hesena. Di tempat panukeuran duit, dollar
> kurang/ teu aya.
>
> Satadina mah ngarasa atoh dollar turun teh, sabab budak nu cikal
> ngurihit hayang notebook/ laptop, butuh cenah keur di sakolana. Can
> dipangmeulikeun da nyaeta mahal. Tah meureun lamun dollar turun mah,
> barang elektroinik oge ngilu turun, kabeuli yeuh laptop teh.
> Kabeneran deuih kuring boga tagihan di salah sahiji pausahaan
> konsultan di jakarta.
>
> Eh ...barang ditagih, kalahka sasadu, menta tempo, pausahaan acan
> dibayar oge ku klienna, sabab klienna ayeuna embung ngaluarkeun duit
> dina rupiah nu hartina ngaluarkeun dollar leuwih loba. Ah nasib,
> euweuh untungna geuning keur kuring mah dollar turun teh.
>
> Cik kira-kira ka baraya anu terang, rek aya naon nya ieu teh?
>
> Baktos,
> WALUYA
>
> 
> ----------------------------------------------------------
>
> No virus found in this incoming message.
> Checked by AVG Free Edition. 
> Version: 7.5.467 / Virus Database: 269.7.0/804 - Release Date: 5/14/2007 4:46 
> PM
> 



         

 
---------------------------------
Expecting? Get great news right away with email Auto-Check.
Try the Yahoo! Mail Beta.

Kirim email ke