hehe. tah didinya, kudu kuat mentalna. ke urang inget2, naha si kuring nu ngan ukur Surili (jenis monyet nu ngan aya di tatar sunda) Galuh, wani2 datang ka acara Paguyuban Wargi Sunda di hotel Savoy harita, nya? asana mah harita teh ondangan mah pikeun rektor, nu pengkerna Suraatmadja, teureuh Sumedang oge tah. si kuring dipenta ngawakilan. harita ge asana mah nolak, "punten, pak da abdi mah asana sanes turunan menak." rektor ngadon gumujeng. "Ah, ulah kadinya mikirna, mikirna mah, papada urang sunda." lah2an we datang peutingna teh. hehe.
di ballroom hotel savoy seueur nu biantara, tapi teu aya nu nyabit2 soal menak. ngan ukur nataan yen ti masing2 lembur/kabupaten aya perwakilan, kaasup bupati ti subang. enya sih, disebut wargi galuh, wargi sumedang, wargi sukapura, aya nu disebut wargi Goparana (ti Subang). aya mang Ihin nu diraksukan sunda prajurit (iket barangbang semplak, jeung diuk sameja jeung kuring-bari ngaku ah, da kuring mah cacah cenah. hehe) tapi ku panitia dipenta ka hareup. ondangan kalolobana marake baju adat menak. kuring mah ngan make batik paranti ondangan. haha. tapi pikiran kuring harita, soal urang sunda. lain soal turunan saha. adi ajeg we mental kuring teh. da ongkoh ceuleupeung tea. haha. kuring ge ari nulis dina koran mah make ngaran tukang wiartakusumah, ngaran aki, wiarta.ditambahan kusumah, ngarang we, meh gaya jeung nyunda. heuheu. da ngaran hareup mah, jamaludin, karek ngaran 'baptis', heuheu --------------- sababaraha nagara eropa utamana skandinavia siga denmark, swedia, norwegia, atuh meuntas, inggris, nagara karajaan. malah di perancis, jerman oge masih loba katurunan menak, baron atawa nu make ngaran sambung 'von'. tapi dina kahirupan sapopoe mah rahayatna demokratis, teu make cara feodal. tah ayeuna mah gumantung ka mental urang. nu penting ulah boga rasa minder, jeung kondisina menak-cacah ulah diperlebar ku urang. mun mun maca perjuangan republik, harita rahayat leuwih milu ka ajengan/ulama tibatan ka menak, sabab menak cenderung pro walanda. tapi prinsipna mah teu sakabeh menak goreng. dina pro walandana oge pastina boga alesan nu wajar, kaasup (mudah2an) mikiran nasib rahayatna. ---------------------- basa jaman RIS, indonesia serikat, bupati (menak) garut, natalegawa proklamasi nagara pasundan. ditolak ku kalolobana urang sunda. lain natalegawa salah, tapi kalolobana jelema harita masih baroga sumanget nasionalisme endonesya. pokona mah nu bau2 walanda, ditolak atah2. saha sih harita nu boga wawasan soal bentuk nagara nu cocog jang nu karek lahir? haha. teu aya. tah ayeuna kabukti NKRI teh kieu. salah paham nu geus kakurung ku iga, Negara kasatuan teh beda jeung leuwih alus tibatan federal atawa serikat. padahal, sigana walanda, nu ngurus/ngoloni/ngajah ieu nagreg ratusan taun, meureun, apal bentuk nu luyu jeung kaayaan hindia belanda nu dieusi ku mangrupa2 bangsa. RIS teh serikat alias federal, siga amrik atawa jerman (atawa malaysia). perluna menak teh, pikeun ayeuna mah eta dina soal niley2 budaya. make conto malaysia, nu menakna masih keneh kawasa-budayana relatif masih kuat jeung kamajuanana rada terkontrol. jadi majuna enyaan. teu siga urang. maksudna, nya urang make pikiran positip we. da cape ari make pikiran goreng mah, matak skeptis. ----- soal menak teu di urang wungkul. basa peresmian rumah makan Raja Melayu di bdg, payuneun masjid istiqomah, di koran PR aya ucapan pangwilujeng ti mana2 kaasup sababaraha kulawarga besar ti minang, aceh jeung sajabana. kuring seuri, pasti eta ngaran2 teh menak wungkul. menak melayu. hehe. -------------- di jaman modern atawa demokrasi ayeuna oge di urang masih aya diskriminasi atawa perbedaan perlakuan. ngan lain ku turunan menak atawa cacah, tapi ku boga duit atawa henteu. kapital tea ayeuna mah nu jadi ukuran. lain getih, tapi duit. boga duit loba mah, naek kelas eksekutif, duitna leutik mah kelas bisnis we. hehe. kunu bangkarwarah mah, kondisi eta jadi matak munculna adat goreng-utamana nu teu kuat iman, korupsi tea. jabatan digaradekeun jadi duit. kahormatan jabatan ditarincak jeung dihina-hina ku sorangan. jabatan ayeuna, sanajan nagara geus republik, praktekna mah feodal keneh. perlu waktu lila sigana pikeun ngahadean eta. ------- nu inget keneh ucapan raden Iwan Ridwan Sulanjana, urut pangdam siliwangi dina acara PWS eta, nu penting mah urang gawe soson2 dina widang masing2, cenah. persis pisan ucapan babaturan sakola kuring nu anak jenderal, turunan menak tasik. ----- ah ayeuna mah hayu, rek turunan menak, cacah, surili, urang milu mikiran bari prak kumaha US maraju. teu eleh ku bangsa tatangga. duka nyambung duka henteu ieu wadul teh. heuheu On 5/16/07, kuncen kasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mang Jamal sawatara waktu nukaliwat kungsi di sumedang ngayakeun acara HBH RWS (Rukun Wargi Sumedang), kuring kantos ngalanto kadinya aduh euy asa nyeri hate urangmah ku acara eta HBH RWS. geuningan manehnateh masih keneh milah-milah turunan menak sumedang khususna anu dareukeut keneh kana turunan urut pajabat baheula di sumedang. kuring ngalanto kadinya pedah wae dina judulna aya tulisan SUMEDANg da kuring ge urang Sumedang. ari pekteh euy lain turunan menakmah mani teuaya, padahal gantinya judulna ulah RUKUN WARGI SUMEDANG ku RURUNTUK MENAK SUMEDANG. pedah wae ngadangu selentingan anu ngumpulteh cenah turunam menak jeung raden wungkul. kuring seuri bari miceun beunget ahhh atuh nyana kitumah sumedang hese maju lamun pakumpulan di implikan ku sekeseler GETIH BIRU. padahal kuring salaku urang sumedang asli hayang icikibung ngilu ngamajukeun sumedang. mudah-mudahan wae di ciamis, garut, tasik jeung wewengkon sunda liana tiasa leungit eta anu ngabedakeun seler bari jeung sarua saseler ngan nu ngabedakeun cacah jeung caludih hhehhehe.. (TAPI KURING MOAL PUNDUNG DA SUNDA NU AING SUMEDANG NU AING nu NGAGANGU KA SUNDA KU AING DI KAMPAK). kuring aya kahayang kumaha lamun ti kusnet ngabentuk atawa ngabahasa hiji pasualan anu ngabahas ngeunaan selerr sangkan papada UDANG SUNDA ulah aya paribasa seler cacah anu matak ngabalukarkeun kurang ngahijina urang sunda jigana alatan tina sapele. mungsakitu heula baktos kuring Kuncen Kasep DARMARAJA-SUMEDANG Recent Activity - 19 New Members<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/members;_ylc=X3oDMTJma3MzdG9xBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwN2dGwEc2xrA3ZtYnJzBHN0aW1lAzExNzkzMDI4MTk-> - 21 New Photos<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/spnew;_ylc=X3oDMTJmdmhpcmw2BF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwN2dGwEc2xrA3ZwaG90BHN0aW1lAzExNzkzMDI4MTk-> Visit Your Group <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda;_ylc=X3oDMTJlNXU4Z2MxBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwN2dGwEc2xrA3ZnaHAEc3RpbWUDMTE3OTMwMjgxOQ--> SPONSORED LINKS - Culture change<http://groups.yahoo.com/gads;_ylc=X3oDMTJjMnN1Y2cyBF9TAzk3MzU5NzE0BF9wAzEEZ3JwSWQDMTg2MjA1NgRncnBzcElkAzE3MDUwMTM1NTYEc2VjA3NsbW9kBHN0aW1lAzExNzkzMDI4MTk-?t=ms&k=Culture+change&w1=Culture+change&w2=Corporate+culture&w3=Cell+culture&w4=Organization+culture&w5=Tissue+culture&c=5&s=107&g=2&.sig=d84aUBDI7D4Nq5niL6hsEw> - Corporate culture<http://groups.yahoo.com/gads;_ylc=X3oDMTJjNWo1MGVkBF9TAzk3MzU5NzE0BF9wAzIEZ3JwSWQDMTg2MjA1NgRncnBzcElkAzE3MDUwMTM1NTYEc2VjA3NsbW9kBHN0aW1lAzExNzkzMDI4MTk-?t=ms&k=Corporate+culture&w1=Culture+change&w2=Corporate+culture&w3=Cell+culture&w4=Organization+culture&w5=Tissue+culture&c=5&s=107&g=2&.sig=Hvpx-nJSmVZOxhOr21y38g> - Cell culture<http://groups.yahoo.com/gads;_ylc=X3oDMTJjYmE5ZGU1BF9TAzk3MzU5NzE0BF9wAzMEZ3JwSWQDMTg2MjA1NgRncnBzcElkAzE3MDUwMTM1NTYEc2VjA3NsbW9kBHN0aW1lAzExNzkzMDI4MTk-?t=ms&k=Cell+culture&w1=Culture+change&w2=Corporate+culture&w3=Cell+culture&w4=Organization+culture&w5=Tissue+culture&c=5&s=107&g=2&.sig=kSc7wu_rDPN0wKL4AC6Wbg> - Organization culture<http://groups.yahoo.com/gads;_ylc=X3oDMTJjY3M2bWxnBF9TAzk3MzU5NzE0BF9wAzQEZ3JwSWQDMTg2MjA1NgRncnBzcElkAzE3MDUwMTM1NTYEc2VjA3NsbW9kBHN0aW1lAzExNzkzMDI4MTk-?t=ms&k=Organization+culture&w1=Culture+change&w2=Corporate+culture&w3=Cell+culture&w4=Organization+culture&w5=Tissue+culture&c=5&s=107&g=2&.sig=4CcVRWhdga5sl6aloEa89Q> - Tissue culture<http://groups.yahoo.com/gads;_ylc=X3oDMTJjcmFpc2ZxBF9TAzk3MzU5NzE0BF9wAzUEZ3JwSWQDMTg2MjA1NgRncnBzcElkAzE3MDUwMTM1NTYEc2VjA3NsbW9kBHN0aW1lAzExNzkzMDI4MTk-?t=ms&k=Tissue+culture&w1=Culture+change&w2=Corporate+culture&w3=Cell+culture&w4=Organization+culture&w5=Tissue+culture&c=5&s=107&g=2&.sig=h9PHRacY9aAkc13viAOhLw> Got Yodel? Best Yahoo! Yodel<http://us.ard.yahoo.com/SIG=12jlb0gpo/M=493064.10322722.10977640.9706568/D=groups/S=1705013556:NC/Y=YAHOO/EXP=1179310019/A=4438979/R=0/SIG=111c4ieer/*http://www.bix.com/contest/5416> Give us your best yodel and win! Yahoo! Mail You're invited!<http://us.ard.yahoo.com/SIG=12jldmgp8/M=493064.10729665.11333356.8674578/D=groups/S=1705013556:NC/Y=YAHOO/EXP=1179310019/A=3848569/R=0/SIG=12jcbehhh/*http://us.rd.yahoo.com/evt=42410/*http://advision.webevents.yahoo.com/handraisers> Try the all-new Yahoo! Mail Beta Y! Messenger Instant hello<http://us.ard.yahoo.com/SIG=12j39544n/M=493064.10729668.11333359.8674578/D=groups/S=1705013556:NC/Y=YAHOO/EXP=1179310019/A=3848582/R=0/SIG=11umg3fun/*http://us.rd.yahoo.com/evt=42403/*http://messenger.yahoo.com> Chat over IM with group members. .
-- geocities.com/mangjamal

