Cik aya anggota milis anu bisa silat teu?
khususon anu di Djakarta.

Kumaha lamun elmu teh ditepakeun.
Kusnet muka Paguron silat, aliran Internet kituh ngarana mah :)

Suhu....terimalah teecu jadi muridmu

***loba teuing maca Khoo Ping Hooo he..he....he...


On 5/21/07, A Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   ngiringan kasauran wa Sidik,
Di Cianjur aya ahli silat (maenpo) jenenganana Mama Sabandar. Sabandar teh
dijadikeun nami patempatan, pami teu lepat kelurahan kitu? ceuk Aki mah
kecap Sabandar teh tina Syah Bandar anu mangrupa gelar pikeun nu ngajaga di
palabuhan jaman kapungkur. duka tah, naha eta penjaga-penjaga nu nyebarkeun
silat atanapi maenpo teh asalna ti palabuhan kitu nu dipiwarang ku pangawasa
(pamarentah) dina urusan pajak. Teu acan marios sumberna mah, mung ieu mah
sumberna ti Ujang Ahmad umur 68 (pun aki)..heuheu


*Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:

 Teu aya bentenna antawis silat sareng maepo,
eta mah mung ukur istilah atanapi sesebatan,
silat di Cianjur disebatna "maenpo", wallahu alam tina bahasa naon..
Maenpo diulik kalayan disebarkeun ku bupati Cianjur, Dalem Aria Enoh gelar
Aria Wiratanudatar V diteraskeun ku rundayanana nya eta R. Haji Ibrahim,
anu
nyiptakeun aliran Cikalong, anu saterasna dina mangsa eta Cianjur kawentar
ku :
Ngaos = ngaji Qur'an
Mamaos = kawih Cianjuran, sareng
Maenpo = Silat
Maenpo/silat di Cianjur sok disebat oge "amengan", sapertos amengan
Cimande,
amengan Cikalong ssjb.

Pihatur
ssw



*kumincir [EMAIL PROTECTED]

 naon bedana silat jeung maenpo? serius ieu mah...
.




http://cikundul3.multiply.com
*Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda*
*Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda*


 ------------------------------
No need to miss a message. Get email on-the-go
<http://us.rd.yahoo.com/evt=43910/*http://mobile.yahoo.com/mail%0A>
with Yahoo! Mail for Mobile. Get 
started.<http://us.rd.yahoo.com/evt=43910/*http://mobile.yahoo.com/mail%0A>



Kirim email ke