Muhun abah Surtiwa ... tapi eta mah sigana Karang Jawa na bagian 
Handil ... nami kampung transmigran eta mun teu lepat "Sindang Jaya" 
sababaraha kali kadinya nyaan karasa keneh siga di lembur, jalan 
lebetna ayeunamah tos di Beton janten rada-rada "gampil" mun ngangge 
mobil teh teu kedah nganggo anu 4 WD khusus off road.

Sakantenan ngaguar deui, di palih dinya oge aya daerah nu sok 
disarebat "Garut" ku urang dinya. Pas sakalina "diontrog" kadinya 
geuning garut teh ngaran warung ... duka atuh da ieu oge teu ngangge 
reperensi :)

--- In [email protected], surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Teu tebih ti Karang Jawa aya daerah Transmigran caket
> lapangan minyak Mutiara anu dihuni turun temurun ku
> transmigran asal Tasik sareng sabuderna. Maranehna teh
> ditranspmigrasikan di zaman Soekarno sabagei ex
> anggota DI/TII anu parantos balik deu ka pangkuan Ibu
> Pertiwi.... 
> 
> 
> --- budyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Aki Tams, 
> > 
> > Abdi Bade mang ngacungkeun urang Tasik di Balikpapan
> > nya ... 
> > Di Balikpapan aya hiji daerah nu namina Karang Jawa,
> > tah di eta 
> > daerah teh aya tempat anu katelah ku sebutan Sumur
> > Bandung, cenah mah 
> > baheula didinya teh aya sumur nu tara saat najan
> > keur usum halodo 
> > panjang. Tapi duka kunaon disebat Bandung da geuning
> > nu araya didinya 
> > mah pituin Tasik wungkul.
> > 
> > Sesepuhna anu sigana mah kalebet generasi awal,
> > najan lain kahiji, 
> > anu sim kuring terang namina Mang Uloh. Tah kungsi
> > ngadangu dongengna 
> > yen baheula mah urang tasik nu datang ka Balikpapan
> > teh nya 
> > nganjrekna di imah panggung nua ayeuna dicicingan ku
> > anjeuna. Meureun 
> > ayeuna mah teu kitu deui da lolobana urang sunda nu
> > daratang ka 
> > Balikpapan teh tos jadi "gegeden" di tukang minyak
> > atawa tukang 
> > ngeborna ... aeh muhun, pan kapungkur walikotana
> > Balikpapan teh Cucup 
> > Suparna .. pituin sunda tah.
> > 
> > Salam,
> > Budyana
> > (teu make reperensi siga Zaim = "Zaga Image")
> > 
> > --- In [email protected], Tatang Sariman
> > <tams_sariman@> 
> > wrote:
> > >
> > > Waduuh lengkep dongengna, sae nuhun aki tams
> > ngiring bingah aya 
> > baraya anu di palih dinya (Kaltim). Urang salembur
> > aki tams 
> > (Tasikmalaya) aya kitu di dinya?. 
> > >    
> > >   Sigahna urang Kaltim mah baleunghar nya? Eta bae
> > aya, mung 
> > saurang ketang, mahasiswa anu diajar di tempat aki
> > tams ngawulang. 
> > Bayaranana RM18,000.00 satahun. Upami kurs RM1.00 =
> > Rp2.600.00 
> > berarti dikalikeun, nya lumayan ageung, 46jt 800rb.
> > walah awis pisan, 
> > programna 3tahun deuih. Padahal mung program
> > Diploma, tapi diploma ti 
> > Inggris. Diajarna oge ngangge basa Inggris. Anu
> > pasti eta budak teh 
> > anakna anu jegud da kuliahna oge kana sedan Honda.
> > >    
> > >   Hiji memang can tangtos ngagambarkeun sadayana.
> > Ku ukuran aki 
> > mah, biaya sakola kiwari memang arawis di urang oge.
> > Komo lamun seug 
> > budak urang geseh umurna 2 tahun, pasti upami
> > lanceukna tingkat 3, 
> > adina lebet tahun kahiji, dua urang di paguron
> > luhur? walah, eta 
> > meryogikeun rancangan kaluarga. Sigahna geseh umur
> > budak di kaluarga 
> > urang kudu 4 tahun hiji? ulah tunji satahun hiji?
> > >    
> > >   Cag heula ah jadi sabalang bentor, baktos aki
> > tams.
> > >    
> > >   
> > > dudi_ss <dudi_ss@> wrote:
> > >             Kang Gun oge baraya sadaya,
> > >   Hampura kuring, ari mapay-mapay walungan anu
> > garede jiga didieu 
> > mah rada sieun euy eta ngilikan caina ge jiga
> > Cimanuk keur caah, da 
> > lamun parahuna kalebuh teh jigana moal katulungan
> > tah. Ngadongenkeun 
> > anu geus kapanggih bae nya, Samarinda teh puser-na
> > provinsi Kalimatan 
> > Timur (ieu mah geus tong dicaritakeun deui), dayeuh
> > sejenna anu 
> > strategis di Kaltim nyaeta Balikpapan minangka
> > 'regol' atawa 'pintu 
> > gerbang' ieu provinsi, disebut kitu teh padah wae
> > lamun urang rek 
> > kukuringan di Kaltim, kudu ka Balikpapan (bppn)
> > heula. Palabuan kapal 
> > laut atawa kapal udara ge anu gede mah ayana di
> > bppn, tah ti dinya 
> > urang kakara bisa nuluykeun lalampahan ka Samarinda,
> > Bontang, 
> > Sangata, jeung Tenggarong biasana mah make jalan
> > darat, ka Tarakan 
> > ngapung deui, ka kota-kota belah kiduleun bppn make
> > jalan darat. 
> > Kuring mah can liar jauh Kang Gun, kakara ka Bontang
> > jeung Tenggarong 
> > wae katiluna bppn. 
> > >   Dibontang anu kawentar mah aya PKT anu dirutna
> > Pa Omay tea 
> > (ayeuna status quo) jeung PGN, di PKT jigana loba
> > urang sunda (tah 
> > anu ieu can kasusud oge) sabab di komplek PKT aya
> > taman anu 
> > diarana "taman cibodas" nyunda pinsan,  ari kotana
> > mah teu pati gede 
> > tapi lumayan beresih jeung rada iuh. 
> > >   Tenggarong minangka puser kota Kasultanan Kutei
> > Kertanegara teu 
> > pati rame, mung janten kota tujuan wisata sing saha
> > anu nyaba ka 
> > Kaltim, didieu anu khas ku ayana Karaton Kutei
> > lengkep jeung makam-
> > makan sultan, aya deui anu disebut pulo Kumala
> > tempat ulin jeung 
> > karesep barudak komo kolotna mah... he.. he...
> > lengkep aya katera 
> > gantung sagala siga ditaman mini. Pulo kumala teh
> > ayana di tengah-
> > tengah walungan (Mahakam) diurang mah disebutna
> > 'nusa' ari pulo mah 
> > da dilaut.
> > >   Kota Samarinda, lumayan rame tapi teu macet
> > kawas di Bandung anu 
> > khas di dieu masyarakatna anu prulal, loba urban ti
> > daerah sejen aya 
> > suku Banjar ti Kalsel, Bugis + Mandar + Buton ti
> > Sulawesi, Jawa 
> > khusuna jawa wetan, Sunda sok sanajan teu pati loba
> > tapi eksislah 
> > jadi pejabat. Penduduk aslina mah suku Kutai jeung
> > Dayak tapi jigana 
> > eleh loba ku urang Banjar kukituna basa pergaulan
> > masyarakat 
> > didominasi basa Banjar. 
> > >    
> > >   Ke anu tos kahot sareng anu tos seuseur luang
> > dipedalaman Kaltim  
> > mah aya, kamari dibejaan yen aya babakan anyar di
> > alam maya tempat 
> > kumpul para guriang jeung lelembutan urang sunda anu
> > aya disaampar 
> > jagat. Anjeuna (kasepuhan dieu) migrasina ti taun
> > 72-an ayeuna tos 
> > janten guru besar, mung jigana ka wagelan ku ayana
> > rapat di Bandung 
> > teras bade ngalongok sepuhna di Sumedang, minggon
> > payun manawi to 
> > tiasa ol.
> > >    
> > >   Sakitu heula, cag.
> > >   Wassalam,
> > >   dudi_ss
> > >    
> > > 
> > > 
> > >       Recent Activity
> > >     
> > >       12
> > >   New Members
> > > 
> > > Visit Your Group 
> > >   SPONSORED LINKS
> > >       
> > >    Culture change  
> > >    Corporate culture  
> > >    Cell culture  
> > >    Organization culture  
> > >    Tissue culture
> > > 
> > >       Yahoo! Mail
> > >   Get it all!
> > >   With the all-new
> > >   Yahoo! Mail Beta
> > > 
> > >     Y! Messenger
> > >   Quick file sharing
> > >   Send up to 1GB of
> > >   files in an IM.
> > > 
> > >     Yahoo! Photos
> > >   Upload Now!
> > >   First 20
> > >   prints are free
> > > 
> > > 
> > > 
> > >   .
> > > 
> > >  
> > >          
> > > 
> > > 
> > >  
> > > ---------------------------------
> > > Need Mail bonding?
> > 
> === message truncated ===
> 
> 
> 
>        
> 
______________________________________________________________________
______________Be a better Globetrotter. Get better travel answers 
from someone who knows. Yahoo! Answers - Check it out.
> http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396545469
>


Kirim email ke