lamun diibaratkeun tea mah kieu meureun, Kang... Urang midangkeun tulisan urang dina blog, terus ku batur disalin tanpa nyebutkeun sumberna. Anu maca, mun teu apal samemehna, tangtu bakal nyangka yen eta teh tulisan pituin manehna, padahal ukur teplakan ti blog batur.
Memang reueusna mah reueus, yen ku kituna mah karya urang teh diaku alusna (meureun) ku batur. Tapi pan henteu bisa kitu doank... Geuningan pas ditanya, jawabna teh pajar 'seni kontemporer', padahal geus puguh eta teh kasenian Sunda, anu ku Malaysia kungsi didatangkeun guruna ti dieu (ceuk urang Kusnet nu cenah dulurna kungsi ngajar kacapian di Malaysia) On 5/21/07, khs579 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kang asep, rada teu ngarti uing mah, naha kunaon pangna salira nepi ka sedih sarta keuheul sagala, dumeh seni sunda dipidangkeun di lembur tatangga. uing mah malah reueus, yen kreasi urang sunda dipikaresep ku komunitas nagri sejen. asa pamohalan dina acara jiga kitu, upama panitia nepi ka kudu ngabejaan ka balarea yen eta teh kreasi seni asal indonesia. asana di urang oge lumrah, dina acara naon wae, sok remen midangkeun kreasi seni deungeun. asa can ngadenge, urang deungeun nepi ka protes dumeh kreasi senina dipidangkeun di lembur urang. (mh)

