Nyaneut
..ditanggoan di warung goreng oncom, keur nyaneut heula. Salah sahiji sms
ti babaturan basa keur ngaprak ka sindangbarang,ieu pagawean ngaprak di
wewengkon Sindangbarang lain hiji dua kali wae, tapi sering jasa. Lain ngan
saukur ngaprak-ngaprak neangan batu-batu atawa ceuk bas keren-na mah
situs-situs titinggal budaya jeung sajarah sunda baheula, tapi oge bari neangan
sarupaning kadaharan khas masarakat sakitar nu diaprak kabeneran weh didinya
aya warung nu nyadiakeun kadaharan goreng oncom, bala-bala atawa bakwan, jeung
buras. Salian ti pangaosna nu teu mahal aya nu matak khas oge nyaeta mun geus
nyaneut teh sok dituluykeun ku nginum cai enteh nu curot atawa hanuet cai kuku
tea, ajib pokona mah.
Nyaneut atawa mun ceuk basa keren na mah Wisata Kuliner neangan kadaharan
anu teu beurat atawa kadaharan tapi teu make sangu, jeung sok di tutup ku cai
haneut. Nyaneut teh salian ti urang barangdahar bari ngawangkon di
warung-warung oge bisa oge barangdahar di imah bari ngudud jeung ngawangkong
ngaler kidul jeung babaturan. Tapi naha ari nyanet sarua jeung nyarap atawa
dahar isuk-isuk atawa ceuk basa deungeun na mah Breakfast, atawa nyaneut teh
sarua jeung mun urang barangdahar beurang kusabab isuk-isuk urang teu kaburu
nyarap atawa ceuk bas keren-na mah Brunch. Nya ari nyaneut mah bisa
barangdahar isuk , beurang atawa peuting nu pentingna mah teu dahar sangu.
Nyaneut ge bisa ngandung harti ceuk diluhur teh Wisata kuliner atawa
ngaprak-ngaprak neangan kadaangan. Kadaangan ieu lain wae sangu , tapi bisa
sarupaning kadaangan tradisional saperti Toge goreng, Laksa, Asinan, tutug
oncom, asinan,Colenak,jrrd.
Salian ti nyaneut aya oge istilah ngopi aya nu ngadung harti
nginum cikopi (tipung kopi nu geus diseduh ku cai ngagolak) bisa oge ngandung
harti nginum citeh bari jeung barangdahar nu amis-amis atawa basa lemesna mah
ngaleueut (Kamus Umum Basa Sunda, mei 1992). Tapi mun istilah ngopi di lembur
kuring mah boga harti barangdahar lain nu amis-amis wae tapi bisa oge kawas
ngadahar sukro, kulub sampeu, jrrd teu kudu bae dahareun nu araramis.
Tapi istilah nyaneut atawa ngopi kiwari jarang jasa dipake ku
barudak ngora, jeung jigana mah geus robah ngigeulan jaman. Komo kiwair geus
usum Play Station mah hese jasa nepungan barudak ngora di warung-warung bari
ngarobol mah, mereun ceuk maneh na mah mending dahar di imah tuluy duit keur
jajan pake ngarentak PS tea. Tapi masih aya keneh budak ngora nu make istilah
nyaneut atawa ngopi teh, nu sok diaranan Hang Out atawa Kongkow tea.
Ieu barudak ngora teh Hang out atawa Kongkow na teh lain di
warung-warung lembur deui tapi geus modern, sarupaning di Food Court mal-mal,
Cafe-cafe. Nya teu jauh seh ngararumpul bari ngebul jeung barangdahar nu
amis-amis atawa nu lianna kawas donat,pizza, jrrd. Komo mun tiap malem mingguan
sok ngajakan babaturanna ngaraumpul di tempat kawas nu kitu. Nya ari
dibandingkeun mah hampir sarua wae Hang Out jeung nyaneut teh ngan nu
ngabedakaeun na mah ari Hang Out mah tempat na di tempat-tempat saperti
mal,cafe jeung kadaharanna nu berbau eropa, ari nyaneut mah mereun tempatna
teh di warung-warung lembur bari barangdahar has wewengkon sakitar eta. Sok
atuh hayu urang nyaneut di Cafe...!
Cag ach.
Yayan Mulyana
http://yayanm.wordpress.com
---------------------------------
Yahoo! Mail is the world's favourite email. Don't settle for less, sign up for
your freeaccount today.