Carita ieu sawanda jeung kumaha hormatna Ibrahim Adji ka Kartosuwiryo waktu 
katangkep. 
   
  porenges

mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            
kamari, 21 Mei Kodam III Siliwangi milangkala. duka nu kasabaraha. dina koran 
PR tadi aya gambar pangdam mayjen George Patton eh salah George Toisutta keur 
mariksa pasukan. milangkala taun ieu dirayakeun basajan (sederhana) teu aya 
ondangan ka inohong cenah. ngan ukur upacara 30an menit. 
   
  jadi inget ka carita tangtara Siliwangi nu keur ngepung Kahar Muzakar di 
leuweung Sulawesi Kidul. dicaritakeun ku Himawan Susanto beh ditu di Aula 
Gedong Sate.poean wanoh jeung kang Dede Mariana diwanohkeun teh Ika. Juragan 
Letjen Pur Himawan Susanto ngadongeng leuwih kurang kieu: 
   
  "Harita imah atawa saung tempat nyumput Kahar Muzakar geus kapanggih di hiji 
leuweung geledegan. tangtara Siliwangi geus ningker eta tempat. Teu lila datang 
Kahar Muzakar ka eta saung, terus asup. tangtara geus sumanget siap nyerbu. 
tapi komandan ngadon diuk nyalse. antukna aya prajurit nu nanya ka komandanna, 
"Serbu ayeuna, Pa?" 
  "Ulah waka. Isuk we. Keun heula sina reureuh.." cek komandan si urang Sunda. 
   
  kabayang, keur perang kitu, tangtara Siliwangi masih keneh boga kamanusaan nu 
basajan. mere kasempetan ka musuh gerot sina istirahat  ngaso heula. 
   
  intina carita, hate hade kudu dimumule ku urang Sunda dimana bae ayana.
   
  siliwangi adalah rakyat jawa barat (dan banten)
  rakyat jawa barat (dan banten) adalah siliwangi
   
  esa hilang dua terbilang
  tangtara siliwangi, saeutik oge mahi.
   
  kolonel pangsiun, nya jadi bupati hihi
-- 
geocities.com/mangjamal 
  

         

       
---------------------------------
Be a better Globetrotter. Get better travel answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out.

Kirim email ke