jadi kapikiran....
nu disebut sunda ayeuna teh milu anu mana ?
da lamun nilik ka sajarahna mah sarua pan jeung jawa jeung sriwijaya
lamun dipisah-pisah nya kapisah oge sunda jeung galuh
atuh urang ciamis lain urang sunda ....
ah lilieuran we .....
Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Muhun, upami nyeratna dina basa Inggris kedah ngangge kaedah DM kitu?
sawangsulna upami nyeratna dina basa Indonesia/sunda ngangge kaedah MD?
surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ari anu loma mah disebatkaeun nami bangsana heula
lajeng karajaan. upamina; British Kingdom, Ciesi
Kingdom, Roman Kingdom. nah kulantaran ieu sajarah
janten Sunda oge Bangsalah sanes saukur Etnis, janten
Sundanese Kingdom.
--- Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sumuhun, sae dialihkeun wae.
>
> kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Owh kitu... nya saupamina anu
> dimaksud teh langkung nujul ka karajaan2 Sunda, nya
> atuh gampil pisan tehnisna mah, ke urang cobi
> alihkeun ka Kingdoms of Sunda. Atawa Sundanese
> kingdoms sugan?
>
>
> On 5/21/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> Saayeunaeun, eta lahan teh dieusi ku sajarah
> karajaan-karajaan di Tatar Sunda kawit ti
> Salakanagara, Tarumanagara, Sunda (Sunda-Galuh) dugi
> ka Pajajaran. Mung penekanannana kana karajaan
> Sunda. Sareng samentawis karajaan Sunda
> ditarjamahkeun janten Kingdom of Sunda sajalan
> sareng nami URL-na. Tapi upami aya usulan karajaan
> Sunda ditarjamahkeun janten Sunda Kingdom atanapi
> singketna Sunda atanapi usulan sanesna, mangga teh
> teuing bade ditampi da gampil kantun ngaedit eusi
> eta kaca ramat.
>
> Atanapi kumaha upami nami URL di wikipedia dirobah
> naha urang gaduh kawenangan ngarobah namina. Upami
> tiasa mah, dirobah janten
> http://en.wikipedia.org/wiki/Kingdoms of Sunda.
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> ---------------------------------
> TV dinner still cooling?
> Check out "Tonight's Picks" on Yahoo! TV.
__________________________________________________________
Never miss an email again!
Yahoo! Toolbar alerts you the instant new Mail arrives.
http://tools.search.yahoo.com/toolbar/features/mail/
---------------------------------
Be a better Heartthrob. Get better relationship answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out.
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com