Alhamdulilah upami Aki sehat, mugi-mugi sing saterasna. Sumanget diajar tos
robih, janten sumanget nalungtik ayeuna mah, maklum tos sanes mahasiswa
deui, janten romusha di paguron luhur di dieu ayeuna mah.

Nu disebatkeun teh mobil dines Ki, sanes mobil pribadi, da ari mobil pribadi
mah tos rejekina manawi. Raos sigana janten pajabat teh, numatak seueur nu
sakola luhur teh kanggo janten pajabat, sanes kanggo ngamajukeun
universitas. Kamari oge nyarios sareng PR 1, pami tiasa mah sing sajajar,
ulah mobil dines pajabat unggal taun digentos, ari mobil angkutan dosen ti
kapungkur eta keneh eta keneh, bujeng-bujeng nambihan, supados sumanget
kanggo sumping ka kampus.

baktos,
budhi
kurono kopo 241

On 5/23/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Alhamdulillah aki tams dina danget ieu mah Yi Bud, sawalerna saparantos
di Jepun deui kumaha tah, mugi2 wae langkung semangat belajarna. Oge nambih
semangat bade ngarobih kaayaan anu katingalna araneh??. Kitu kutan di unsri
kiwari teh?

Aki moal suudzon ah, margi aranjeunna baleunghar, katambih tambih jabatan
struktural kiwari raraos dina segi pendapatan, da aya tunjangan anu ageung.
Kiateun nyicil mobil 5 jt an sasih?? Ah duka ketang, da gajih dosen anu tos
20 an tahun ngabdi mung tiasa kaangge dua minggon biaya sadidinten anu
pas-pasan, bujeng2 asa jauh taneuh ka langit pamohalan teuing tiasa ngiridit
mobil?, ngiridit motor wae sigahna teh kumaha kituh? da barudak
sarakola peryogi pisan.

Aya hawar2 ti tilas dekan masihan pilihan oge, saurna bilih bade teras
pangsiun awal, tiasa bae sangemna teh. Aki tams oge baluweng, pedah basa
kakara satahun kuliah teh disumpingan pihak rektorat, sakantenan jalan2 wae
sigahna mah, kedah nawis kontrak 5 tahun ngabdi di unsri bada rengse S3 teh.


Tapi aki ningal senior2 oge seueur anu teu aktip di unsri, sapertos mantan
dekan oge malah aktip di Bank Sumsel, aya anu janten dekan FE.UT di Jkt,
anu di Dept Keuangan, di Bappenas; eta para Dr.sareng Prof.Dr.oge kitu? Da
puguh teu sasuai gajih sareng kaperluan hirupna. Irongan aki ayeuna
sigahna moal benten sareng aranjeuna, da bade kumaha atuh?

Ari ngalongok mah jigahna engke wae ari tos rengse, sakantenan laporan
tamat, sasih agustus insya Alloh "convocation". Laporan progres belajar
kiwari mah cekap sms, serat, sareng telepon wae ka rerencangan sareng ka
ketua jurusan.

Sok atuh yi Bud sing enggal beres meungpeung masih anom keneh, aya harepan
mudah2an. Aki mah paling kiat oge maksakeun 5 tahun deui sigahna, bade
pangsiun.
Cag heula, baktos aki tams.

Kirim email ke