Muhun mungkin eta teh salah sawios wujudna jajahan di tingkat institusi ku para
gegedenna. Ari ceuk aki mah sing saimbang wae da sami anggaran teh kanggo
kalancaran kagiatan sarerea dina raraga hidmat ka nagara. Sabab upami salah
sawios komponen dina syatem aya kakirangan, tangtos ngaganggu kalancaran proses
kagiatan eta.
Sihagna teu pira, misalna bagian jaga kampus, tukang muka konci ruang kuliah.
Aranjeunna teu dipasihan pasilitas anu sasuai anu kedah mukaan panto ruang
kuliah sareng beberesih, tiap enjing2 sateuacan barudak sareng dosenna datang.
Kedahna aranjeunna oge disayogikeun pasilitas, supaya teu kasiangan.
Anu kajantena sabalikna, Bumi dines Rektor, PR, Dekan, PD disayogikeun di
kawasan kampus bari teu diaranggo, ari anu sanesna henteu. Salianti mubadzir,
oge kuliah pasti kurang lancar da sok kasiangan ruang kuliah can dibuka. Cobi
upami bumi dinas maranehna disayogikeun caket kampus, teu aya alesan make
kaberangan lebet kantor.
Tibaralik geuningan, ari para struktural anu konon tunjanganana arageung,
disayogikeun pasilitas khusus, ari staff nu gajihna teu cukup tea kudu kana
beus reyod anu sok mogok di jalan, atawa parebut beus jeung mahasiswa, bari
mayar deuih. Dimana adilna lamun kitu?, dijajah ku bangsa sorangan sanes? bos2
ka bawahanana.
Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Alhamdulilah upami Aki sehat, mugi-mugi sing saterasna. Sumanget
diajar tos robih, janten sumanget nalungtik ayeuna mah, maklum tos sanes
mahasiswa deui, janten romusha di paguron luhur di dieu ayeuna mah.
Nu disebatkeun teh mobil dines Ki, sanes mobil pribadi, da ari mobil pribadi
mah tos rejekina manawi. Raos sigana janten pajabat teh, numatak seueur nu
sakola luhur teh kanggo janten pajabat, sanes kanggo ngamajukeun universitas.
Kamari oge nyarios sareng PR 1, pami tiasa mah sing sajajar, ulah mobil dines
pajabat unggal taun digentos, ari mobil angkutan dosen ti kapungkur eta keneh
eta keneh, bujeng-bujeng nambihan, supados sumanget kanggo sumping ka kampus.
baktos,
budhi
kurono kopo 241
On 5/23/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Alhamdulillah aki tams dina danget ieu mah Yi Bud, sawalerna saparantos di
Jepun deui kumaha tah, mugi2 wae langkung semangat belajarna. Oge nambih
semangat bade ngarobih kaayaan anu katingalna araneh??. Kitu kutan di unsri
kiwari teh?
Aki moal suudzon ah, margi aranjeunna baleunghar, katambih tambih jabatan
struktural kiwari raraos dina segi pendapatan, da aya tunjangan anu ageung.
Kiateun nyicil mobil 5 jt an sasih?? Ah duka ketang, da gajih dosen anu tos 20
an tahun ngabdi mung tiasa kaangge dua minggon biaya sadidinten anu pas-pasan,
bujeng2 asa jauh taneuh ka langit pamohalan teuing tiasa ngiridit mobil?,
ngiridit motor wae sigahna teh kumaha kituh? da barudak sarakola peryogi pisan.
Aya hawar2 ti tilas dekan masihan pilihan oge, saurna bilih bade teras
pangsiun awal, tiasa bae sangemna teh. Aki tams oge baluweng, pedah basa kakara
satahun kuliah teh disumpingan pihak rektorat, sakantenan jalan2 wae sigahna
mah, kedah nawis kontrak 5 tahun ngabdi di unsri bada rengse S3 teh.
Tapi aki ningal senior2 oge seueur anu teu aktip di unsri, sapertos mantan
dekan oge malah aktip di Bank Sumsel, aya anu janten dekan FE.UT di Jkt, anu di
Dept Keuangan, di Bappenas; eta para Dr.sareng Prof.Dr.oge kitu? Da puguh teu
sasuai gajih sareng kaperluan hirupna. Irongan aki ayeuna sigahna moal benten
sareng aranjeuna, da bade kumaha atuh?
Ari ngalongok mah jigahna engke wae ari tos rengse, sakantenan laporan tamat,
sasih agustus insya Alloh "convocation". Laporan progres belajar kiwari mah
cekap sms, serat, sareng telepon wae ka rerencangan sareng ka ketua jurusan.
Sok atuh yi Bud sing enggal beres meungpeung masih anom keneh, aya harepan
mudah2an. Aki mah paling kiat oge maksakeun 5 tahun deui sigahna, bade pangsiun.
Cag heula, baktos aki tams.
---------------------------------
Take the Internet to Go: Yahoo!Go puts the Internet in your pocket: mail, news,
photos & more.