Mangga wae Kang, sok sanajan satadina mah hoyong dirautan heula. 
Utamina, lebah pameo tea anu brasna engke kana 3 karakter pamimpin 
anu diperlukeun jeung diteangan dina prak-prakanana: jujur, pinter, 
jeung wani. Oge, bukti-bukti ngeunaan pancen jeung pangrojong US kana 
kesatuan jeung persatuan RI perlu dikandelan ku bukti akademis. Pon 
kitu deui, falsafah "kumaha engke" (anu satemenna ngandung wanda wani 
lamun geus boga patekadan, sakumaha mataholang pedaran MJ, perlu 
ditepikeun).

Tapi nyakitu, bisi teu kaburu kasilih ku pakupis ku cicing tea :).

baktosna,
manAR


--- In [email protected], Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Kahatur Bapa Oman,
> 
> Sae pisan pedaran pa Oman teh. Kumaha upami dikintunkeun ka 
Republika sabage tanggapan kanggo tulisan Zaim.
> 
> Baktos,
> Asep
> 
> 
> 
> Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:                                  --- In 
[email protected], "Oman Abdurahman" <o_arahman@> 
>  wrote:
>  
>  Baraya,
>  
>  Pamadegan Mas Zaim Uchrowi (mun teu salah, Zaim nu ieu teh nya 
Zaim 
>  wartawan anu lumayan sohor, asana masih di majalah "Tempo"), 
sabagean 
>  aya benerna, sabagean deui loba salahna. Sacara umum, tulisan 
>  stereotip jiga anu ditulis Zaim di harian "Republika" memang uduh 
>  pisan pikeun dikiritik balik, nyakompetdaunkeun, jeung mere 
>  lolongkrang gede pikeun "debat" kusir.
>  
>  Benerna, sabagean masyarakat Sunda, sakumaha umum anu mindeng 
>  kapanggih dina kahirupan sapopoe, memang mindeng ngalarapkeun 
rumusan 
>  hirup "kumaha engke". Hartina, tara pati nyieun rencana 
>  pikahareupeun. Tapi, upama aya panalungtikan statistik, can tangtu 
>  mayoritas Urang Sunda siga kitu.
>  
>  Salahna? Zaim henteu ngadadarkeun sajarah anu saestuna, yen, 
>  mataholangna, persatuan bangsa Indonesia ti baheula nepi ka 
ayeuna, 
>  loba disumbangrojong ku Urang Sunda. Zaim henteu nalungtik (atawa 
teu 
>  kungsi maca?) yen ti jaman memeh datang pangjajah Walanda, bangsa 
>  Sunda geus kawentar salaku bangsa anu cinta damai alias micinta 
>  katengtreman hirup. 
>  
>  Nalika Sriwijaya jeung karajaan2 di Jawa (utaman Jawa Timur) keur 
>  meujeuhna palega-lega kakawasaan, nepi ka mindeng parasea, raja-
raja 
>  Sunda mah teu kabita miluan papasean pikeun udagan anu dareet 
model 
>  kitu. Bisa dibayangkeun lamun harita raja-raja Sunda (nya tangtuna 
>  rahayat SUnda oge), pipilueun, sigana moal aya Nusantara, anu 
hartina 
>  moal aya cikal bakal bangsa Indonesia.
>  
>  Dina jaman perjoangan kamerdekaan, greliya jeung revolusi 
>  kamerdekaan, sakabeh rahayat Indonesia anu jujur pasti ngaku kana 
>  gedena pancen Urang Sunda. Divisi Siliwangi harita sakitu 
>  kakoncarana. Kajadian2 saperti "barontakna" KH Zainal Mustofa di 
>  Singaparna, Tasikmalaya ka pangjajah Jepang geus ngailhaman 
Supriadi 
>  di Blitar jeung pahlawan-pahlawan sejenna pikeun baruntak anu 
sarua. 
>  
>  Kajadian pertempuran anu teu saimbang di Bojongkokosan, Sukabumi, 
>  ngalawan tangtara KNIL anu nangkod ka tangtara Sekutu jadi 
kayakinan 
>  sababaraha urang sajarawan yen eta kajadian teh leuwih ronglah 
>  tinimbang kajadian 10 November 1945 di Surabaya, boh dina sumanget 
>  bakorban keur lemah cai oge manfaatna keur rahayat Indonesoa 
>  sagemblengna.
>  
>  Eta anu dipedar di luhur teh keur nyaimbangkeun informasi ti Zaim 
>  wae, lain keur agul ku payung butut. Itung-itung ngelingan ngojay 
ka 
>  meri, hampura lamun aya wanda siga anu ngebrehkeun jasa Urang 
Sunda. 
>  Palias, lain eta paniatan mah.
>  
>  Hanjakal Zaim oge teu medar "pameo" anu sumebar di sabagean 
>  masyarakat. Yen, ceuk cenah, bangsa Indonesia lamun hayang maju 
kudu 
>  dipimpin (baca: sabagean gede ti rengrengan kabinet, utamana 
posisi-
>  posisi anu pararenting) ku wakil-wakil pinunjul ti tilu suku di 
>  Nusantara ieu. Anu tilu teh nyaeta: Suku Sunda, Bugis jeung Aceh 
>  (hapunten, suku Jawa, suku asalna Zaim - mun teu salah mah - teu 
>  disebut-sebut dina eta pameo teh). 
>  
>  Tangtu wae, lain person-person anu dituju ku eta pameo teh, tapi 
>  karakter. Yen aya karakter-karakter anu hade di suku-suku Sunda, 
>  Bugis jeung Aceh anu lamun dihijikeun teh bisa mawa bangsa 
Indonesia 
>  ngahontal kajayaanana. Anapon insanna mah, ceuk rarasaan jeung 
>  pipikiran, asa teu kudu dipatok ti 3 suku tadi. Alias, timana wae 
ari 
>  karakterna hade keur mimpin bangsa mah bagea teh teuing. Nya ari 
>  karakter anu teu hade mah, komo anu matak ngabalangsakkeun bangsa 
>  mah, talapung wae. 
>  
>  Naon wae karater anu hade anu bisa direvitalisasi di eta 3 suku di 
>  Indonesia teh? Ceuk cenah, Urang Sunda boga kamampuan diplomasi 
anu 
>  hade tur salawasna cinta damai, mayunkeun katengtreman (emut 
kajadian 
>  taun 1999? apan relatif teu aya huru-hara nanaon di wewengkon 
Sunda 
>  mah dibanding jeung wewenglon-wewengkona sejenna di sakuliah 
>  Nusantara anu sakitu ngagolakna). Ceuk cenah oge, urang Bugis 
parigel 
>  jeung lebar wawanen dina unak-anik bisnis. Sajarah jeung kanyataan 
>  ayeuna di Jakarta, upamana, ngabuktikeun hal ieu. Ari Aceh? 
>  Heuheuheu, apan suku eta mah kawentar wanian perang. Emut 
perjuangan 
>  rahayat Aceh? Walanda meh kawalahan dina naklukeun suku bangsa 
Aceh. 
>  Atuh GAM, nepi ka anyar keneh mah apan sakitu rongkahna 
perlawananana 
>  ka Pamarentah resmi NKRI.
>  
>  Kumaha ngahudangkeun deui eta karakter-karakter anu hade pikeun 
>  kamajuan kumna bangsa Indonesia jeung sumbangan kana perdamaian 
>  internasional. Sunda boga Sanghiyang Siksa Kandag Karesian, Amanah 
>  Galunggung, jeung puluhan naskah-naskah kuno jeung prasasti-
prasasti 
>  anu ngandung pipikiran sakitu majuna. Bugis boga La Galigo anu oge 
>  pinuh ku pikiran keur kamajuan (bari jeung teu kudu nyieun tingkah 
>  laku dzolim). Atuh pon kitu keneh, di masyarakat Aceh oge tangtu 
aya 
>  anu sarupa kitu. Oge di suku-suku sejenna di sakuliah Nusantara. 
Anu 
>  diperlukeun ayeuna, taya lian ti lebar dada jeung wawanen pikeun 
>  ngarevitalisasi kabudayaan urang lebah bagean anu pinunjulna keur 
>  kamajuan sarerea.
>  
>  Nuturkeun kang Chaedar Al Wasilah (doktor ahli basa ti UPI, 
Bandung, 
>  asli urang Cicalengka-Garut, Bandung), revitalisasi budaya sarupa 
>  kitu merlukeun 3 syarat. Anu tilu teh: mahamkeun ajen-inajen poko 
>  (anu tangtuna oge universal tur luhur) kalawan jero, 
ngamasyaratkeun 
>  hasil eta papahaman (perencanaan sosial atawa perencanaan 
bersama), 
>  jeung nyieun kreativitas budaya. Tah, anu tilu ieu teh kunaon 
henteu 
>  diringkelkeun jadi umbul-umbul visi jeung misi nepi ka program 
>  pangwagunan tiap daerah luyu jeung ajen inajen poko masing-masing 
>  daerahna? 
>  
>  Hanjaka Zaim teu medar nepi ka revitalisasi budaya. Tapi, ketang, 
>  memang moal bisa dina tulisan pondok kudu ngadadarkeun perkara 
ngali 
>  jeung ngarevitalisasi ajen-inajen poko tiap (suku) bangsa mah. Anu 
>  bisa dijagragkeun dina kolom singet model kitu, lamun niat, nya 
>  tulisan provokatif model kitu wae. Mudah-mudahan wae paniatan Zaim 
>  teh estuning keur ngahudangkeun ieu bangsa - anu ceuk MH Ainun 
Nadjib 
>  tea mah - keur sare.
>  
>  Cag.
>  baktosna,
>  manAR    
>  
>  --- In [email protected], Rispianda <indraade@> wrote:
>  >
>  > Salam ka saderek sadayana
>  > 
>  > Sim kuring kaleresan dikirim rerencangan artikel nu aya di 
>  republika perkawis mentalitas jawa sareng sunda. Abdi salaku urang 
>  sunda asli rada "kaseureud" yeeuh. Sapertosna nu nulisna asa 
>  ngagudahan pandangan negatif ka urang teh. Punten, sanes bade 
>  mamanas, tapi hoyong nginformasikeun yen masih aya masyarakt nu 
sok 
>  nganggap goreng orang sunda. Cik, hoyong terang kumaha komentar 
>  baraya.
>  > 
>  > Baktos,
>  > Rispi 
>  > 
>  > 
>  > Mentalitas Jawa dan Sunda 
>  > ( Zaim Uchrowi ) 
>  > 
>  > ''Indonesia sulit maju,'' kata seorang teman. ''Kenapa?'' tanya 
>  saya. ''Sebab, lebih dari 70 persen penduduknya adalah Jawa dan 
>  Sunda,'' jawabnya. Saya ternganga, sampai ia menjelaskan lebih 
lanjut.
>  > Menurutnya, mentalitas orang Jawa dan orang Sunda bukan 
mentalitas 
>  orang yang siap maju. Hal itu terlihat dari ungkapan yang banyak 
>  dipakai orang-orang dari kedua suku ini. Orang-orang Jawa 
disebutnya 
>  sering menyebut kata ''nek'' atau ''gek'', yang berarti ''kalau'' 
>  sebagai sebuah pengandaian tentang sesuatu yang mungkin terjadi di 
>  masa depan. Orang Jawa sering mengucap ''nek ngono mengko 
>  piye ...'', ''nek ngene mengko piye ...'' yang berarti ''kalau 
begitu 
>  nanti bagaimana...'', ''kalau begini nanti bagaimana....''
>  > Orang-orang Jawa berpikir begitu panjang. Seluruh kemungkinan di 
>  masa depan telah dipikirkan dari sekarang. Pada satu sisi, hal 
>  tersebut baik. Banyak persoalan telah diantisipasi jauh hari 
>  menyangkut akibat yang mungkin terjadi. Dengan demikian, jika 
akibat 
>  itu benar terjadi, mereka telah siap untuk menghadapinya.
>  > Namun, di sisi lain, banyaknya kemungkinan yang dipikirkan di 
masa 
>  depan sering membuat takut melangkah. Ibarat seorang tak punya 
rumah 
>  yang tak kunjung punya rumah karena takut memikirkan 
kemungkinannya 
>  di masa depan. Bagaimana kalau gentingnya bocor, bagaimana kalau 
ada 
>  pencuri, apalagi kalau rumah itu habis terbakar. Begitu banyak 
>  kemungkinan yang dipikirkan hingga orang itu tak berani melangkah 
>  untuk punya rumah.
>  > Sikap itu tampak dalam kehidupan sehari-hari. Sebagian besar 
orang 
>  Jawa pasrah pada keadaan yang dimilikinya. Mereka tidak akan 
berusaha 
>  keras mengejar sesuatu karena kalau gagal akan terasa sangat 
>  menyakitkan. Mereka tidak siap gagal. Akibatnya, pencapaian rata-
rata 
>  orang Jawa kalah bila dibanding etnis lainnya. Misalnya dengan 
rata-
>  rata pencapaian orang Batak, apalagi dengan keturunan Tionghoa. 
>  > Orang Jawa tak mau berbuat keliru, dan sangat khawatir keliru. 
Itu 
>  membuat komunikasi orang Jawa tidak baik. Orang Jawa tidak pandai 
>  mengekspresikan perasaan sendiri, apalagi kalau harus mengatakan 
>  tidak. ''Bagaimana nanti kalau orangnya tersinggung.'' Kalimat 
>  demikian banyak diucapkan. Orang Jawa menuntut orang lain paham 
>  bahasa isyarat. Kalau terpaksa harus mengomentari orang lain, 
paling 
>  dengan cara menyindir. ''Jadi, bagaimana orang Jawa bisa maju?''
>  > Sebaliknya, orang Sunda cenderung malas berpikir panjang. 
Istilah 
>  yang banyak dikatakan adalah, ''kumaha engke ...'' yang 
>  berarti ''bagaimana nanti ....'' Jalani dan nikmati hidup seadanya 
>  seperti air mengalir yang akan menemukan jalannya sendiri tanpa 
perlu 
>  diatur-atur. Ingin sekolah ya sekolah, ingin main ya main, ingin 
>  kerja ya cari kerja kalau dapat. Kalau tidak dapat ya sudah, ''can 
>  nasib'' atau ''belum nasibnya''. 
>  > Nanti cari lagi. Ada uang, nikmati saja sepuasnya. Uang habis 
tidak 
>  apa-apa. Usaha lagi seperlunya, atau minta bantuan saudara. Tidak 
>  berhasil tidak apa-apa. ''Can nasib.'' Ingin kawin, ya kawin saja 
>  biar pun pekerjaan belum mapan, penghasilan juga pas-pasan. Ingin 
>  kawin lagi, ya kawin lagi saja. Kan boleh dalam agama. Anak 
banyak, 
>  bermunculan saban dua tahun, tidak apa-apa. Tak perlu ada kesiapan 
>  buat merencanakan masa depannya. ''Kumaha Gusti wae ....'' 
Terserah 
>  Tuhan sajalah. ''Jadi, bagaimana orang Sunda bisa maju?''
>  > Dengan mentalitas begitu, kemiskinan Jawa yang sangat besar tak 
>  kunjung berkurang. Sedangkan kemiskinan Sunda (serta Banten dan 
>  Betawi sebagai kerabatnya) terus membesar dengan kecepatan luar 
>  biasa. Anehnya, kita menganggap fenomena itu fenomena biasa, dan 
>  kadang malah menganggapnya sebagai sikap pasrah pada Allah SWT 
sesuai 
>  tuntunan agama. Padahal, ''pasrah pada nasib'' sangat berbeda 
>  dengan ''pasrah pada Allah''. 
>  > Pasrah pada Allah SWT adalah membuat perencanaan hidup sebaik-
>  baiknya, bekerja keras untuk mewujudkan perencanaan itu, serta 
selalu 
>  optimistis terhadap hasil yang akan diberikan Tuhan pada kita. 
>  Reshuffle kabinet boleh-boleh saja. Tapi, bila sungguh-sungguh 
ingin 
>  membuat bangsa ini dan bangkit sesuai semangat Hari Kebangkitan 
>  Nasional, rombak dulu mentalitas bangsa ini secara revolusioner. 
>  Untuk itu perlu revolusi mentalitas orang Jawa dan Sunda sebagai 
>  mayoritas penduduk bangsa ini. 
>  > http://www.republika.co.id
>  > 
>  > 
>  >        
>  > 
>  __________________________________________________________
>  ______________Give spam the boot. Take control with tough spam 
>  protection in the all-new Yahoo! Mail Beta.
>  > http://advision.webevents.yahoo.com/mailbeta/newmail_html.html
>  >
>  
>  --- End forwarded message ---
>  
>  
>      
>                        
> 
>  
> ---------------------------------
> Need Mail bonding?
> Go to the Yahoo! Mail Q&A for great tips from Yahoo! Answers users.
>


Kirim email ke