Ari kuring mah lamun inget ka KODAM III Siliwangi
teh, sok inget pangalaman mantan Pangdam Siliwangi
Mayjen Raja Inal Siregar tea.
Hiji mangsa manehna teh nganjang ka UI depok. Poho
deui ngadongeng soal naon, tapi manehna teh
nyaritakeun pangalaman waktu ITB "bergolak". Meus-meus
aya demo, terus aya malam renungan. Salaku pangdam
tangtu wae jadi tanggung jawabna ngajaga kaamanan di
Bandung. tah, biasana mah lamun aya demo-demo di ITB
teh sok aya tangtara (intel) anu nyaru, miluan kana
acara demo. Tidinya kanyahoan saha-saha wae anu jadi
"otak" demo.
Hiji waktu eta intel teh, keur ngawaskeun hiji jalma
anu sok ngiluan lamun aya acar demo di ITB, malahan
mah sok nyumbang acara nyanyi bari mamawa hitar
(gitar). Tapi eta intel weleh teu nyahoeun saha
identitasna. Nepi ka Raja Inal teh nyarekan
bawahananan "lak-lak dasar". Raja Inal teh ngaku, nepi
ka rengse tugas jadi pangdam Siliwangi, teu bisa
nangkep/neangan eta jalma anu sok ngiluan demo di ITB.
baktos,
mrachmatrawyani
--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> kamari, 21 Mei Kodam III Siliwangi milangkala. duka
> nu kasabaraha. >
> jadi inget ka carita tangtara Siliwangi nu keur
> ngepung Kahar Muzakar di
> leuweung Sulawesi Kidul. dicaritakeun ku Himawan
> Susanto beh ditu di Aula
> Gedong Sate.
____________________________________________________________________________________Need
a vacation? Get great deals
to amazing places on Yahoo! Travel.
http://travel.yahoo.com/