pangalaman sim abdi mah kieu....:
basa sataun sangeus lulus sakola aya nu ngajakan kawin mangkaning can
boga paksaban (pagawean) nu tetep alias masih sakasampeurna, tapi ku
babaturan disumangetan bismillah wae keun rizki mah " kumaha engke "
da anging Allah nu ngatur asal tekad jeung niat urang kuat tur aya
usaha pasti aya jalan...
komo basa bebeja ka kolot di lembur mah kabeh karageteun bari jeung
tumanya ; " naha bener ieu teh....? naha rek dibayuan kunaon lamun
engke geus rumah tangga pamajikan teh...? " jawab kuring ; " insya
Allah rizki mah anging Allah nu ngatur da tiap jalma geus aya rizkina
masing-masing ngan gede leutikna gumantung kana usaha
sewang-sewangan...jeung nu penting mah niatna keur ibadah ka Allah..."

Alhamdulillah...., ayeuna geus salapan taun rumah tangga berekah
salamet tur geus dipercaya boga turunan dua, geuning prinsip "kumaha
engke " teh ari urangna yakin jeung dibarengan ku usaha mah
Alhamdulillah berekah....hehehe

cag...ah, nuhun.

"kkbm'69"
-sok ah jang Ndud geura nawaetuan ti ayeuna ulah salempang niatkeun nu
buleud...hehee...

Kirim email ke