Eh leres pisan sapangalaman sareng aki tams ayi Boim, tahun '77 kakara ge 
tingkat 3 aki ngawitan bismillah rumah tangga, 78 putri ka hiji lahir, sakola 
tamat kaluarga berekah, anak2 kasakolakeun, da memang tos aya bawaan rejekina, 
urang mah kantun ngoreh, cenah supados tiasa ngarih, bari kedah loba akal 
supados tiasa ngakeul. Alhamdulillah geuning, ari hese kedese mah da biasa 
atuh, bujeng2 usaha milari rejeki, dalah tuang bae malah sok bari ngesang 
sagala. Tong salempang kana mirahna rejeki ti Alloh, tos disayogikeun, urang 
wajib milarina.

kang boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          pangalaman sim abdi mah kieu....:
basa sataun sangeus lulus sakola aya nu ngajakan kawin mangkaning can
boga paksaban (pagawean) nu tetep alias masih sakasampeurna, tapi ku
babaturan disumangetan bismillah wae keun rizki mah " kumaha engke "
da anging Allah nu ngatur asal tekad jeung niat urang kuat tur aya
usaha pasti aya jalan...
komo basa bebeja ka kolot di lembur mah kabeh karageteun bari jeung
tumanya ; " naha bener ieu teh....? naha rek dibayuan kunaon lamun
engke geus rumah tangga pamajikan teh...? " jawab kuring ; " insya
Allah rizki mah anging Allah nu ngatur da tiap jalma geus aya rizkina
masing-masing ngan gede leutikna gumantung kana usaha
sewang-sewangan...jeung nu penting mah niatna keur ibadah ka Allah..."

Alhamdulillah...., ayeuna geus salapan taun rumah tangga berekah
salamet tur geus dipercaya boga turunan dua, geuning prinsip "kumaha
engke " teh ari urangna yakin jeung dibarengan ku usaha mah
Alhamdulillah berekah....hehehe

cag...ah, nuhun.

"kkbm'69"
-sok ah jang Ndud geura nawaetuan ti ayeuna ulah salempang niatkeun nu
buleud...hehee...


         

 
---------------------------------
TV dinner still cooling?
Check out "Tonight's Picks" on Yahoo! TV.

Kirim email ke