tah dasar pikiran teh kitu, tiap seler kaasup US, teu ngan ukur nyepeng atawa ngagem hiji paribasa/ajaran, atawa sapotong-potong, komo mun dianggap tiap jelema boga 'blue-print' dumasar kana pasipatan turunan etnis. prinsip2 hirup/ajaran karuhun, tos rada napel, built-in. jadi memeh ngucap 'kumaha engke' teh, dina pikiranana atawa kereteg hatena tos ngalarapkeun papatah atawa ajaran/jurus sejena tumali kana hiji urusan.
dasar lainna, si kuring boga anggapan yen sirah jelema teh teu kosong. hartina pasti aya proses mikir boh lila boh ngebut, taktis, strategis, praktis pragmatis atawa konseptual (haha), nepi ka bari siga heueuh asal nyarita,'kumaha engke!" si kuring mah asa hayang yakin aya mekanismeu antara ucapan jeung jalan pikiran. siga nyarita 'kumaha engke', bisa jadi dua, mareuman proses mikirna otak nu pabaliut lieur, atawa justeru kecap kitu teh kekecapan hasil pikiran/kasimpulan. enya, cocog oge jung english speaking, "We'll see." atawa kaci meureun ka "take it easy!" ------ Rarasaan aya oge paribasa/babasan karuhun urang anu luhung pisan hartina, saperti : Sing asak-asak nya ngejo bisi tutung tamabagana Luhur(?) kandungan, laer aisan Dibeuheung diutahkeun Asak tinimbangan Pan sakitu tohagana eta kalimah2 teh! Sigana lamun babaturan atawa pa Zaim sorangan nyaho ieu kalimah pastina oge mikir duakali, meureun ketang! siporenges mj http://geocities.com/mangjamal

