Bade nganggo basa gaya Bogor (lemburna neng Herni) deui: Hidup selalu dihadapkan pada keharuskan memutuskan sesuatu. Selesai memutuskan hal yang satu, disambung dengan keharusan memutuskan yang lain. kitu cenah. Mutuskeun sahiji hal bisa gancang bisa lila, gumantung kana kaayaan urang. Balik kana kapanasaaran si akang ngeunaan mekanismeu antara ucapan jeung jalan pikiran dina konteks kumaha engke, arek mairan saeutik. Kadang-kadang urang dihareupkeun kana kaayaan kepeped dimana saeutik pisan waktu nu aya pikeun mutuskeun. Bisa aya dua kajadian. Nu kahiji: Sanajan waktuna singket, urang bisa mikir (landung kandungan laer aisan). Sanajan kitu, salaku manusa nu miboga agama (Islam) hasilna pan diserahkeun ka panggeran. Tah didieu, kumaha engke hartina masrahkeun ka panggeran. Nu kadua: Upama waktuna dirasa singket pisan tepi ka dirasa henteu aya parancanaan anu asak, tapi dipaksa kudu mutuskeun, ahirna diputuskeun tanpa mikir panjang malah mungkin tanpa mikir pisan (gambling) kumaha engke. Tapi saenggeus ngalakonan cara Nu Kadua atawa Nu Kahiji, saenggeus putusan dilaksanakeun, terus aya konsekuensina, pan urang henteu cicingeun; pasti boga strategi jeung proses pengambilan keputusan lainna. Saur aki tams sareng kang Boim kedah ngoreh, cenah supados tiasa ngarih, sareng kedah loba akal supados tiasa ngakeul. Dua cara eta pasti kaalaman ku urang kabeh, tapi parasaan mah kalobaan cara Nu Kahiji anu mindeng dipake ku urang, mangkana aya papatah Sunda landung kandungan laer aisan. Tapi cara Nu Kadua ge henteu salah, pan konsekuensina ditindaklanjut ku startegi atawa putusan-putusan lainna anu sesuai jeung eta konsekuensi. Istilah lainna pandai menyesuaikan diri meureun. Dina kaayaan kapeped kitu pan urang mah henteu bisa jiga urang Jawa anu boga babasan alon-alon asal kelakon. Lamun dina perang mah bisa kaburu katembak musuh. Ah eta mah pamanggih kuring, anu lain ahlina sual ieu; bisa pisan salah. Kirang langkungna, nyuhunkeun dihapunten. Salamna, Asep Salamna, Asep
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: si kuring mah asa hayang yakin aya mekanismeu antara ucapan jeung jalan pikiran. siga nyarita 'kumaha engke', bisa jadi dua, mareuman proses mikirna otak nu pabaliut lieur, atawa justeru kecap kitu teh kekecapan hasil pikiran/kasimpulan. enya, cocog oge jung english speaking, "We'll see." atawa kaci meureun ka "take it easy!" ------ Rarasaan aya oge paribasa/babasan karuhun urang anu luhung pisan hartina, saperti : Sing asak-asak nya ngejo bisi tutung tamabagana Luhur(?) kandungan, laer aisan Dibeuheung diutahkeun Asak tinimbangan Pan sakitu tohagana eta kalimah2 teh! Sigana lamun babaturan atawa pa Zaim sorangan nyaho ieu kalimah pastina oge mikir duakali, meureun ketang! siporenges mj http://geocities.com/mangjamal Choose the right car based on your needs. Check out Yahoo! Autos new Car Finder tool.http://us.rd.yahoo.com/evt=48518/*http://autos.yahoo.com/carfinder/;_ylc=X3oDMTE3NWsyMDd2BF9TAzk3MTA3MDc2BHNlYwNtYWlsdGFncwRzbGsDY2FyLWZpbmRlcg-- hot CTA = Yahoo! Autos new Car Finder tool Choose the right car based on your needs. Check out Yahoo! Autos new Car Finder tool.http://us.rd.yahoo.com/evt=48518/*http://autos.yahoo.com/carfinder/;_ylc=X3oDMTE3NWsyMDd2BF9TAzk3MTA3MDc2BHNlYwNtYWlsdGFncwRzbGsDY2FyLWZpbmRlcg-- hot CTA = Yahoo! Autos new Car Finder tool

