Karawang teh baheulana aranna RANGKAS SUMEDANG kaasup wewengkon 
Sumedang nu dikawasa ku SULTAN AGUNG, Pangawasa Mataram. Saterusna 
Ku Sultan Agung, Rangkas Sumedang dijieun jadi Kabupaten. Bupati 
(Dalem) nu munggaran nu diangkat ku Sultan Agung nyaeta Adipati 
KERTABUMI IV (Teureuh Galuh,putrana PRABU DIMUNTUR, katurunan 
Pangeran GEUSAN ULUN). Salajengna Adipati Kertabumi IV ieu sok 
disebat PANEMBAHAN SINGAPERBANGSA atawa eyang Manggung. Ibu kota 
Rangkas Sumedang teh asalna di Udug-udug ngan dijaman R.A.A. 
PANTAYUDA I (putra Singaperbangsa) ibukotana pindah ka Karawang 
ayeuna. Karawang cenah asalna tina kecap Rawa-rawa--> Karawaan--> 
Karawang.

Aran jalma nu make huruf gede, ayeuna jadi aran jalan di kota 
Bandung.

Baktos,
WALUYA

--- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang Marwan, manawi kersa, pamugi tiasa ngiberkeun oge ti mana ieu 
artikel
> sumberna.
> 
> On 5/22/07, Marwan Faizal A. Bachtiar < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >  Kapan terbentuknya daratan di daerah Kabupaten Karawang dan 
kapan orang
> > pertama kali menetap di daerah ini tidak dapat ditentukan dengan 
pasti. Yang
> > jelas adalah bahwa Jawa dan Indonesia (dalam nama lain Colandia, 
Kun â€" lun,



Kirim email ke