dinde djorghie <[EMAIL PROTECTED]> wrote:  To: [EMAIL PROTECTED]
From: dinde djorghie <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Sun, 27 May 2007 12:28:51 +0100 (BST)
Subject: [perkibar_dibahrain] joke...(western language)

        Tukang Kai
============

Aya tukang ngala kai di leuweung nu kahirupanana
kacida miskinna. Hiji waktu, basa manehna keur nutuhan
dahan kai nu ngaroyom ka walungan, kampakna locot,
ngacleng ka walungan. Si Tukang kai teh ceurik bari
ngadoa ka dewa, doana kadanguan ku Dewa,
Dewa turun ti langit teras naros :" Hey...kunaon maneh
ceurik?"

Si Tukang Kai eta ngajawab yen kampakna tikecemplung
ka walungan, padahal manehna perlu pisan eta kampak
keur balangsiar. Dewa langsung teuleum ka walungan,
terus mucunghul bari mamawa kampak nu dijieun ku emas,
"Ieu kampak anjeun teh?"
Tukang kai ngajawab : "Sanes!"
Dewa ngagejuburkeun deui ka walungan, terus teuleum
deui, teu kungsi lila mucunghul deui dina leungeunna
mamawa kampak nu bahanna perak, terus nanya ka tukang
kai ,

" Sugan nu ieu kampak anjeun teh?"
Sakali deui, tukang kai ngajawab : "Sanes!"
Gejebur deui, dewa teuleum deui, basa mucunghul deui
mawa kampak tina beusi, anu memang kaboga si tukang
kai,

" Ieu meureun kampak anjeun teh?"
Tukang kai ngajawab: " Sumuhun, leres Gusti !"
Dewa kacida gumbirana, aya jelema jujur kacida, eta
tilu kampak sadayana dipasihkeun supaya disimpen ku
tukang kai. Tukang kai balik ka imahna bari jeung
kacida bungahna.
Hiji waktu tukang kai teh leumpang jeung pamajikanana
di sisi walungan. Dasar keur apes pamajikanana
tikosewad, tepi ka tigebrus ka walungan. Si Tukang kai
ceurik deui bari ngadoa ka dewa. Doana kadangueun ku
Dewa, dewa turun ti langit teras naros :
"Kunaon deui anjeun ceurik?"

Si Tukang kai ngajawab pamajikanana tikecemplung ka
walungan, gancangan dewa neuleuman walungan, terus
mucunghul bari mawa Deasy Ratnasari, terus naros:
" Ieu pamajikan anjeun teh?"
Na ari pok teh:"Leres, eta pamajikan abdi teh!"
Dewa teh kacida ambekna, teras nyarios : " Anjeun
bohong!, teu jujur!"

Si Tukang kai teh ngajawab bari ampun-ampunan : " Aduh
gusti abdi nyuhunkeun dihapunten,
sanes.....sanes....kitu maksad teh, ieu mah salah
paham. Kieu geura Gusti, upami abdi ngajawab eta sanes
pamajikan abdi, engke Gusti teuleum deui, nyandak
............Dian Sastro, upama ku kuring dijawab deui
eta mah sanes pamajikan abdi, Gusti teuleum deui
nyandak pamajikan abdi, teras ku abdi disumuhunkeun
eta pamajikan abdi. Engke ku Gusti nu tiluan sadayana
dipasihkeun ka abdi. Gusti, terang nyalira abdi teh
jalmi miskin teu mungkin gaduh pamajikan
satilu-satilu, kumargi kitu abdi gancangan we ngajawab
leres, waktos Gusti nyandak Deasy Ratnasari teh!

__________________________________________________________ 
Yahoo! Mail is the world's favourite email. Don't settle for less, sign up for
your free account today 
http://uk.rd.yahoo.com/evt=44106/*http://uk.docs.yahoo.com/mail/winter07.html 


         

       
---------------------------------
Looking for a deal? Find great prices on flights and hotels with Yahoo! 
FareChase.

Kirim email ke