Para wargi sadaya,

Aya warta dina Kompas dinten minggu ping 27 Mei 2007 ieu ngeunaan Kampung 
Budaya Sindangbarang (KBS) anu diwangun ku yasana kulawarga bapa Maki 
Sumawijaya di daerah Bogor di handapeun gunung Salak.Didinya parantos diwangun 
Imah Gede (kanggo pupuhu adat), Imah Girang Serat (sekretariat adat), Saung 
Tali (tempat perunjukan), Bale Pengriungan, Imah Pasanggrahan, Imah Panengen 
(tempat aparat widang pamarentahan), Imah Panggiwa (tempat aparat adat widang 
kasajahteraan masarakat), 6 leuit, sareng lisung indung.



Saurna KBS teh maksadna bade dijantenkeun kampung adat supados budaya Sunda 
lastari. Cenah KBS eta bade diolah ku Yayasan KBS.



Pribados mah meni reueus pisan jaman kiwari masih aya urang Sunda anu 
komitmenna ageung pisan kanggo ngalastarikeun budaya Sunda.



Salamna,
  Asep
  
       
---------------------------------
Get the Yahoo! toolbar and be alerted to new email wherever you're surfing. 

Kirim email ke