Leres pisan, malahan kamari teh ari duskusi sareng
inohong-inohong urang sunda sareng wengina, malem
minggu KBS mintonkeun kasenian sunda diantawisna
jaipongan sareng pantun sunda buhun, di ngawitan tabuh
sawelas dugi ka tabuh tilu subuh.
--- Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Para wargi sadaya,
>
>
> Aya warta dina Kompas dinten minggu ping 27 Mei 2007
> ieu ngeunaan Kampung Budaya Sindangbarang (KBS) anu
> diwangun ku yasana kulawarga bapa Maki Sumawijaya di
> daerah Bogor di handapeun gunung Salak.Didinya
> parantos diwangun Imah Gede (kanggo pupuhu adat),
> Imah Girang Serat (sekretariat adat), Saung Tali
> (tempat perunjukan), Bale Pengriungan, Imah
> Pasanggrahan, Imah Panengen (tempat aparat widang
> pamarentahan), Imah Panggiwa (tempat aparat adat
> widang kasajahteraan masarakat), 6 leuit, sareng
> lisung indung.
>
>
>
> Saurna KBS teh maksadna bade dijantenkeun kampung
> adat supados budaya Sunda lastari. Cenah KBS eta
> bade diolah ku Yayasan KBS.
>
>
>
> Pribados mah meni reueus pisan jaman kiwari masih
> aya urang Sunda anu komitmenna ageung pisan kanggo
> ngalastarikeun budaya Sunda.
>
>
>
> Salamna,
> Asep
>
>
> ---------------------------------
> Get the Yahoo! toolbar and be alerted to new email
> wherever you're surfing.
____________________________________________________________________________________Choose
the right car based on your needs. Check out Yahoo! Autos new Car Finder tool.
http://autos.yahoo.com/carfinder/