salah sawios agenda nu rutin di KBS teh nyaeta Seren Taun tos dua 
tahun ieu Seren taun di ayakeun nu kahiji tahun 2006 sareng tahun 
2007 kamari, tah mun bade noong mangga di http://geocities.com/
serentaunsindangbarang atawa http://serentaunsbr.multiply.com, tah 
cenah pasti rada aneh aya seren taun di sindang barang naha ieu teh 
ngan seserentaunan. Serent Taun teh di SBR nu dumukna di Pasir Eurih 
ieu teu jauh ti Apih Sidik tos diayaekun 30 tahun kalangkung jaman na 
Ki Lurah Etong Sumawijaya tah salila tilu tahun tilem ayeuna di 
lanjutkuen ku incuna ku Kang Maki, bilih teu percanten mangga 
taroskeun weh ka warga sakitarna naha leres seren taun teh didiue ti 
bahuela na aya. Ngeunna Ngadegna Kampung Sunda ieu di KBS teh di 
bahas oge di Majalah Balebat edisi katilu komo deui basa Seren Taun 
oge aya di Balebat edisi kadua, mangga di toong weh isina hehehee. 
Tah ceuk cenah mah mun pareng bakal aya Festival Budaya ngan waktuna 
sakedap deui tinggal ngantosa prung na. 

Cag Ach
Paralun kasuhun ka kasepuhan Sindang Barang sim kuring bilih calutak
http://yayanm.wordpress.com
yayan[at]virtual[dot]co[dot]id

--- In [email protected], Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Kang, dimana pribados tiasa ngengingkeun jadwal sareng agenda 
acara di KBS. Naha parantos tiasa dikoreh dina Internet?
> 
> Wassalam,
> Asep
> 
> kahkeh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
kang hadi oge kang asep lan baraya sajagat lianna
> 
> kuring asa bungah ngilu aub sanajan jadi nu lalajo wungkul dina 
eta kagiatan. di eta kbs, kuring bungah kacida. peuting eta pisan 
munggaran, ngalelentuk, ningali jeung ngadengekeun si juru pantun 
(bah ucup, juru pantun jasinga) maos pantun jeung metik kacapi. 
pantun nu diaos, carita mundinglaya. ngan ari kudu ngadadarkeun 
kumaha caritana mah asa teu bisa, salian cara maosna asa pabeulit 
(loba balik deuina) oge da bari direujeungan ku sakadang tunduh. 
tapi pujisukurkaGusti, bari jeung nundutan ge tamat ;)) nepi ka jam 
hiji janari.. ngan aya kabingung kuring, si abah teu make rajah 
pamuka saacan asup ka carita utamana... tah ka nu apal mah kuring 
meredih we pangnyaangankeun... naha teu nanaon upama kitu? 
> 
> ieu mah ukur hayang nyalabarkeun beja sapotong, da ari pereleanna 
mah teu apal. ke dina tanggal 13 juni di eta kampung bakal diayakeun 
diskusi deui. cenahna mah bari sakalian softlaunching (sunda?)
> 
> sakitu ti kuring 
> 
> ckkk
> 
> 
> On 5/27/07, hadi darajat <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:                                    Leres pisan, malahan 
kamari teh ari duskusi sareng
>  inohong-inohong urang sunda sareng wengina, malem
>  minggu KBS mintonkeun kasenian sunda diantawisna
>  jaipongan sareng pantun sunda buhun, di ngawitan tabuh
>  sawelas dugi ka tabuh tilu subuh.
>  
>  --- Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>  
>  >   Para wargi sadaya,
>  > 
>  > 
>  > Aya warta dina Kompas dinten minggu ping 27 Mei 2007
>  > ieu ngeunaan Kampung Budaya Sindangbarang (KBS) anu
> 
> 
> 
> 
> 
> ___  
>         
> 
> 
> 
> -- 
> ckkk
> cangkakak di leuweung injuk talina
> dihakan dibeuweung hitut jadina 
>      
>                        
> 
>  
> ---------------------------------
> 8:00? 8:25? 8:40?  Find a flick in no time
>  with theYahoo! Search movie showtime shortcut.
>


Kirim email ke