>From Hotel Salak to Sindang Barang (II)
              
              Basa geus sasadu ka Aa Asep laju weh kaluar ti Hotel Salak jeung 
Kang Hadi teh, laju kuring muru ka Kampung Budaya Sindang Barang Pasir Eurih 
tea sabab aya acara deui, tapi kuring nyimpang heula ka jambatan Pamoyanan 
heula bari didinya teh deukeut pisan ka Stasion Batutulis.
  Ceuk kuring teh ka Kang Hadi, jadi bagus euy Rel Kareta teh, ceuk Kang Hadi 
teh, apanan arek aya Jalur ti Bogor ka Bandung, ceuk kuring nembal deui atuh 
ari kitu mah uing bisa naek Kareta ti Bogor ka sukabumi nya, da salila di Bogor 
can pernah numpakan Kareta ti Bogor ka Sukabumi.
  Komo deui mun naek kareta Bogor ka Sukabumi teh pamandangan alam na aheng 
pisan bisa ningalian gunung-gunung, kebon, jeung pasawahan. Ceuk beja deui mah 
mun numpakan ieu jalur teh kudu isuk-isuk pisan jeung na deui pasti padeudeuk 
pisan, sok komo nu naek na oge tukang sayur, tukang jualan ceuk sakaol deui na 
mah patani ge sok aya bari mamawa pacul, jiganamah deuk ka sawah ti imah na.
  Sanggeus lila kuring muru ka Sindang Barang teh, nya ari jalur na mah 
ngalewatan BNR tea alias Bogor Nirwana Residence, nu kungsi di pake hadiah ku 
Panghuni Terakhir (PETIR) di ANTV tea.
  Teu lila kuring datang ka Kampung Dukuh Menteng. Jol teh geus aya nu mapag 
keur tamu du datang ka ieu tempat ceuk kuring teh ngagerendeng , “uing mah lain 
semah panan sok remen kadieu teh”, nya teu kunanaon ketang iraha deui aya nu 
mapagkeun kawas seleb mah heheheh ...,nu mapagna teh barudak RISIRA “Remaja 
Islam Sindang Raya”, laju weh aya ibu-ibu Angklung Gubrag , bari ngobrol heula 
geus lila teu papanggih teh. Nya antukna teu lila geus nepi ka ieu patempatan.
  Kusabab wanci eta mah waktuna Nyarap atawa Muluk tea mah, di tengah-tengah 
ajeng/panggung hiburan teh meni kosong pisan. Nya kuring laju weh ka Bale 
Pangriungan, sabab rada era, nya antukna diuk heula di imah pasabaan nu teu 
jauh di bale pangriungan ieu. Mun teu salah mah bale pangriungan ieu bisa 
nampung kana 200 jelma.
  Sanggeus rada lila asup ka bale teh bari nepungan ka para kokolot didinya. 
Sok komo ka pupuhuna mah Kang Maki. Antukna mah kuring rada culak-ciluek 
didinya mun teu salah mah Ma Ageung ge dongkap malihan nyumbang tembang oge. 
Teu rada lila torojol rengrengan ti Bandung, malihan mah Uwa Wahyu nyeletuk ih 
aya Abah Ali, ceuk kuring reus ingeut eh eta kitu Abah Ali nu nyieun Kalender 
Sunda tea, nya kuring mah sasalam weh, manjangkeun babarayaan.
  Laju weh panitia nyanggakeun ka Abah Ali jeung Kang Ocha salaku moderatorna 
sina ngabahas kalender sunda tea. Geuningan rada interactif oge acara teh, jadi 
acara teh hanteu saarah oge sabab nu milu jabung oge aya rengrengan ti UI nu di 
pupuhuan ku Pak Agus Aris Munandar.
  Aya pisan nu matak kataji nu hayang nyaho ngeunaan Kalaender Sunda tea, 
malihan mah aya patarosan ti nu daratang nu nanyakeun timana cenah dimimitianna 
Kalender Sunda teh sabab kudu aya bukti nu otentik ari Sajarah mah kudu aya 
coret jeung kotret, malihan mah kuring ngusulkeun kumaha mun kalender sunda ieu 
geus asup ka digitalna komo deui mun geus asup patanggalan dina komputer tea 
mah, ceuk Abah ali jeung Kang Ocha teh ieu ge baris digarap malihan keur di 
leukeunan mugi-mugi bae geus bisa ka digital na.
  Patarosan oge aya ti Kang Wahyu ngeunaan Kujang, jeung deui nu nu mi ilibiung 
oge atawa nu miluan ngabahas perkawis Kujang teh aya ti Abah Cahya ti Bandung, 
Apih Ismu,Kang Jon Edi ti Pulo Gebang Bekasi,Putra Jamparing Subang, 
jrrd.Malihan mah geuingan didinya aya oge Kang Engkus ti KUSNET ngabahas 
ngunaan Kujang,ceuk kang Ocha tea mah, tah keur KOPDAR meureun nya. 
  Salian ti partanyaan ti luhur oge aya nu naroskeun mun aya saminar ngeunaan 
kalembagaan ngeunaan saminar nu reus kanu wilayahna, mun bisa mah hasil ti eta 
saminar teh ulah asup ka kolong laci wae laju di pohokeun, jeung deui acara 
saminar teh geus agenda tahunan atawa bulanan, sok komo euweuh mangfaatna komo 
bari ngahambur-hambur keun duit bari masih keneh aya nu kalaparan, komo deui 
bari menta-menta sumbangan mah. Nya ceuk manehna mun bisa mah sakuduna kudu 
bisa mere feedback ka masarakat komo ningkatkeun ekenomina mah, nya kudu bisa 
aya mangfaatna ka masarakat.
   
  (Nyambung)
  http://yayanm.wordpress.com
  [EMAIL PROTECTED]

       
---------------------------------
 Yahoo! Answers - Got a question? Someone out there knows the answer. Tryit now.

Kirim email ke