GEMYUNG 
    
  Plang blep. Plang blep .. Kitu sorana basa diajar nepak dog-dog. Nya nepak 
eta dog-dog teh leuwih ti sajam-na, ari lengeunmah geus cangekul jasa jeung 
siku meni beurat. Tapi kusabab rada panasaran hayang nyaho nu kumaha gemyung 
teh antukna mah maksakeun. 
  Mun res ingeut basa HBH di Pasantren keresek tea  Cibatu garut, panan aya 
hiji kasenian buhun nu ngaranna HADRO atawa TERBANG tea. Mun urang bandingkuen 
mah irama na sarua, matak monoton atawa pibosen jasa, kusabab irama na kitu 
jeung kitu weh. Lajuna dina hiji buku kungi ngabahas rehna kasenian nu kawas 
kitu teh komo monoton mah aya unsur magis atawa hubungan jeung dunia luhur. 
  Sok sanajan kitu ge nu matak waas atawa sedih teh naha geuningan kasenian 
basa gemyung teh nu mitonkeun na teh geus karolot. Komo kudu nepak dog-dog kitu 
bari simultan sa jam mah teu kabayang. 
  Tapi sok sanajan kitu ge masih keneh aya seniwan nu malihara kasenian buhun 
kawas Geyung. Tapi basa diajar nepak di eta gemyung, salian aya dog-dog oge di 
variasikeun jeung tarumpet, kendang. Nu matak waas jasa teh nu niup tarompet na 
teh geus kolot bari niup na teh pipina nepikeun ka peot-peot, laju weh nu nepak 
kendang na sarua ge geus kolot. 
  Ieu gemyung nu kungsi ku si kuring ningali jeung nyobaat nepak teh, dumukna 
mah di Padepokan Dangiang Dongdo nu aya di komplek P dan K Kabupeten Subang. 
Ari tempatna mah di imah panggung nu arsitekturna mah nyundaa jasa komo di 
tutupan ku hoe jeung sok reus inguet ka imah nu aya di daerah Cibedug atawa nu 
katelah na mah Kasepuhan Cibedug nu watesna mah paunteung-enteung jeung urang 
Kanekes. 
  Di imah atawa panggung ieu teh kasenian gemyung teh sok didimimitan ba’da 
Isya nepikeun ka jam 11-an unggal poe jum’at peuting. Ceuk kokolot atawa nu 
katelah ceuk kuring mah wa haji, gemyung Subang teh geus kamana mendi , sabab 
beda jeung gemyung-gemyung buhun. Ieu gemyung teh geus divariasikeun jeung 
degungan, komo deui kiwari geus aya unsur kibot (rada campring basa na punten 
ach....). 
  Keur kuring mah, nu ngaranna budak ngora satuju pisan kumaha ceuk wa haji 
ngeunaan variatif teh. Sabab barudak ngora kiwari beda jeung kolot baheula, 
sabab kasenian basa buhun teh geus kudu bisa ngigelan jaman, nya ari basic 
gemyung na mah kudu nyoko ka gemyung baheula. Gemyung teh bisa divariasikeun 
jeung lagu SKA, atawa lagu HIP-HOP , sabab mun cara na miluan tren na barudak 
ngora kiwari, jigana mah gemyung atawa kasenian-kasenian buhun atawa kasenian 
nu lianna bisa aya regenerasi. 
  Mun barudak ngora geus bisa miluan atawa ngalestarikeun kasenian-kasenian 
buhun atawa nu lianna, jigana mah matak waas nu nepag dog-dog atawa hardo teh 
komo deui niup tarompet na teh barudak ngora keneh , jeung deui urang moal 
pareumeun obor komo deui kadeseh ku budaya barat nu teu saluyunan jeung budaya 
urang. 
    
  Cag Ach 
  Yayan Mulyana 
  http://yayanm.wordpress.com 
    
    

  
 


       
---------------------------------
 Yahoo! Mail is the world's favourite email. Don't settle for less, sign up for 
your freeaccount today.

Kirim email ke