> From: "herni herningsih" <[EMAIL PROTECTED]> > Kanggo koropak mesjid Kang Waluya..... apan ayeuna mah saurna seueur > mesjid tapi sepi ku jama'ah. Pajar maneh subuh > tunduh keneh, lohor cape > da kakara balik bubuara, asar meujeuhna ngawadang deukeut ka magrib, > datang magrib kaburu > tunduh da beuteung geus pinuh ku kejo, isa komo deui geus ngaguher > bujeng-bujeng emut ka tahajjud da nuju pules (saur > ajengan mah cingcirining caket kiamat) ihhhh...ihhhh sieun. Mugia sanes > kitu nya Kang? cobi we urang dangukeun wargi > anu ti palih dinya aya kitu Kang? mangga dihaturanan.....
Bisi aya urang Pantura kasigeung ah. Sabenerna mah Teh Herni nu "nyair" duit di jalan teh lain di Pantura wae, tapi dimana-mana wae oge aya. Ngan nu rada istimewa di Pantura teh ....eta ku wani ngajanteng di tengah jalan, nyegat mobil nu keur mengpeng tarik. Kalakuan kieu persis siga nu kapanggih ku kuring di Minahasa. Ngan bedana teh, ari di urang mah keur masjid ari diditu mah keur Gereja. Diditu ge sarua .....nekad ngajanteng tengah jalan ..... Baktos, WALUYA

