Hih ... apanan aranna ge merdeka, sagala bebas jeung sagala meunang. 
Rek kitu jeung rek kieu oge bebas merdeka. Bobotoh PDIP gogorowokan 
Merdeka, tapi nu sejen oge sarua atawa malah leuwih. Aya tiang 
listrik, kabel telepon, tutup got, pot kembang digubug da bebas 
merdeka. Aya duit nagara dicokot dipake jang ka imah, ieu oge prinsip 
bebas merdeka dina cocorokot.

Teu nurut aturan lalulintas, kumaha aing wae, eta oge bebas merdeka. 
Nyair duit sumbangan di tengah jalan, padahal ngahalangan lalulintas, 
ieu oge kulantaran  make prinsip bebas sabebas-bebasna, nepi ka teu 
nolih kapentingan batur.

Jeung rupa-rupa deui nu nunjukkeun urang Indonesia teh sabenerna mah 
BEBAS MERDEKA, teu kaiket ku moral jeung etika.

Hayu urang ngagorowok MERDEKA!, bebas euy ....

Baktos,
WALUYA


--- In [email protected], Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Merdeka ceuk maranehna mah sigah kitu, naon anu ngeunah, anu bisa, 
ceuk maranehna, kitu meureun merdeka teh????? sigah kalakuan preman 
bae teu boga dasar, asal ngeunah sorangan, kitu jigahna ngabade bade? 
mangga wae nyanggakeun etah anu kantos meunang mingpin bangsa 
Indonesia sigah kitu, pantesan teu maju wae Indonesia teh ????   


Kirim email ke