Naon faktana yen anu ngudud teh "ngumbar nafsu"???
cik, korelasina dijelaskeun, antar udud jeung nafsu, tong malah nararafsu
hayang memvonis nu ngaroko teh "pengumbar nafsu".

-Bohay-
*nu geus eureun ngaroko. tapi teu pernah goreng sangka kanu ngaroko.

2007/5/31, irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]>:

  Moal ngaruh kang rachmat.
Sanajan 365 hari dina sataun dijadikeun Poe teu udud sadunya.
Angger wae nu udud mah tetep ngelepus.

da maranehna mah geus teu bisa mikir deui,
ngan bisana ngumbar nafsu wungkul.


On 5/31/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> Tanggal 31 Mei teh ditangtukeun jadi poe teu udud
> sadunya. Di Indonesia, teu tinggaleun mieling poe eta.
> Aya operasi razia gede-gedean ku pulisi pikeun anu
> sok udud di tempat-tempat umum.
>
> Hiji jajaka keur ngelepus udud kretek di hiji halteu.
> Teu kanyahoan timana jolna, ujug-ujug geus nangtung
> pulisi di sagedengeun jajaka.
>
> Pulisi: "Jang, nyaho heunteu lamun poe ieu teh, poe
> mieling teu udud sadunya?"
> Jajaka:" Punten, teu terang Pa."
> Pulisi:"Jang nyaho heunteu, udud teh ngabalukarkeun
> kasakit jantung?"
> Jajaka:"Kantenan wae atuh. Tapi da kumaha atuh tos
> nyandu."
> Pulisi:"Tibatan dibeuleum, mendingan duit jang udud
> teh ditabungkeun. Tah dina sataun teh, duit jang udud
> bisa keur meuli motor."
> Jajaka:"Punten Pa, ari Bapa nyesep?"
> Pulisi:"Heunteu, nya kunaon kitu?"
> Jajaka teh kalah ka luak-lieuk kaditu-kadieu panonna
> mureleng jiga neangan hiji barang, terus mencrong ka
> pulisi.
> Jajaka:"Geuning Bapa teu gaduh motor?"
>
> Baktos,
>
> Mrachmatrawyani
>
> __________________________________________________________Ready for the
> edge of your seat?
> Check out tonight's top picks on Yahoo! TV.
> http://tv.yahoo.com/
>

Kirim email ke