1.      RAMPA
        
  a.       Manéhna rumpu-rampa kana pésak, rék nyokot ududeun. (ngarampa 
kaditu-kadieu siga nu lolong atawa lantaran poho dina pésak mana barang 
diteundeuna)
   
  b.       Cing ngarampa sarung téh. (ngadekkeun ramo kana barang atawa pikeun 
mikanyahi kaayaana)
    
  c.       Pantes rék terus rampa-rimpi ogé, tuda manéhna mah teu bisa cacarita 
dihareupeun umum. (teu puguh anu dirampa atawa dicabak lantaran gugup atawa anu 
keur ngalindur.)
   
  d.       Kudu asak rampa néangan piminantueun téh ulah ukur nilik pangkat 
jeung kakayaanana wungkul. (asak sasar, asak timbangan)
   
  2.      MEDU
  a.      Cik atuh péso medu kieu mah ulah dipaké meuncit hayam, karunya ! 
(mintul)
   
  b.      Daék medu, lain kuring nu nganteurkeun Nyi Dédéh téh, tapi cép Oyak. 
(busung, bareuh beuteung)
   
  3.      MOPO
  a.     Dibéré nanjak saeutik ogé terus mopo geuning, ari geus kolot mah. 
(eureun leumpang satengahing jalan atawa eureun digawé lantaran béak tanaga 
atawa pohara capéna)
   
  b.     Ulah waka mopo méméh nanggung atuh, apan can prak digawéna ogé. 
(ngarasa wegah méméh pék ngajalankeun pagawéan)
   
  4.      LANDUNG
  a.       Landung teuing baju téh, mani siga meunang nginjeum. (panjang ka 
handap) 
   
  b.      Anu pantes jadi kokolot mah kudu jalma anu landung kandungan laér 
aisan. (gedé tinimbangan atawa gedé hampura)
   
  5.      LANTUNG
  a.       Saban poé, lamun keur hade poéna, Nini Ijah sok ngalantung diburuan. 
(leuleumpangan senang-senang teu jauh tu imah)
   
  b.      Karunya Jang Entang téh, sakitu geus jadi insinyur tapi luntang 
lantung keneh. (teu boga gawé)
   
  c.      Cing piceun tai kotok lantung téh, Nyai ! (tai hayam anu kacida bauna)
   
  d.      Mésér minyak lantung tujuh léter, Mang ! (minyak tanah)
   
  6.      LAYEUS
  a.       Kudu dibeulahan heula kai téh. Gedé teuing ukuran sakitu keur layeus 
mah. (kaso-kaso, usuk)
   
  b.      Anu nyasab di gunung téh mani geus langlayeuseun, untung kaburu 
kapanggih. (kalaparan atawa beak tanaga)
   
  7.      HÉMAN
  a.       Nyaah bari sok mindeng barangbéré atawa ngalongokan.
   
  8.      JOLÉDAR
  a.       Lalawora kana kawajiban sarta teu héman ka baraya.
   
   
  eMODY,


Elmu tungtut dunya siar, 
  hade turut goreng singlar, 
  mun korupsi burut siah..!!! 
   
   

                
---------------------------------
Sekarang dengan penyimpanan 1GB
 http://id.mail.yahoo.com/

Kirim email ke