Kahatur para wargi,

Nyambung seratan ngeunaan Mundinglaya Dikusumah, pribados bade nyerat lalakon 
ringkel Mundinglaya versi anu dumasar kana cutatan sajarah. Upami versi dongeng 
rahayat mah condong mupusti Mundinglaya, versi anu dumasar cutatan sajarah mah 
katingalina langkung netral.

Dumasar cutatan urang Portugis, Mundinglaya teh identik sareng pangeran 
Surawisesa, putrana Sri Baduga Maharaja, anu kenging gelar Ratu Sanghiyang 
saparantos jeneng janten raja Sunda.

Dikawitan tina silsilah, Jayadewata, raja Galuh (anu kawéntar ku sebatan Prabu 
Silihwangi saparantos jeneng janten raja di Galuh), nikah ka Subanglarang 
(puteri Ki Gedeng Tapa anu janten Raja Singapura). Subanglarang ieu alumni 
pasantrén Pondok Quro di Pura, Karawang. Ti Subanglarang, Jaya Dewata 
ngagaduhan putra anu jenengananan Cakrabuana atanapi Walangsungsang. 
Walangsungsa ngagaduhan putra nu jenengannana Syarif Hidayatullah anu saterasna 
janten raja Cirebon.

Jaya Dewata saterasna nikah ka Kentring Manik Mayang Sunda (puteri Prabu 
Susuktunggal, raja karajaan Sunda anu puserna di Pakuan atanapi Pajajaran). Ti 
waktos eta Jaya Dewata janten Raja Sunda anu kakawasaanana ngawengku ogé Galuh 
sareng saterasna gaduh gelar Sri Baduga Maharaja. Ti Kentring Manik Mayang 
Sunda, Sri Baduga ngagaduhan putra makuta anu namina Surawisesa.

Antawis Sri Baduga di Pakuan Pajajaran sareng putuna, Syarif Hidayatullah, di 
Cirebon, katinggalna kirang harmonis kumargi aya totonden Cirebon bade 
misahkeun diri. Wartos to urang Portugis nyarioskeun wirehna Surawisesa kantos 
diutus Sri Baduga kanggo nepangan Alfonso d'Albuquerque di Malaka kanggo 
ngadamel perjanjian dagang sareng nyuhunkeun bantosan kanggo ngamankeun 
karajaan Sunda. Anjeunna angkat ka Malaka dua kali (1512 sareng 1521). Upaya 
diplomatik éta didasarkan ku kasalempang Sri Baduga Maharaja sawaktos-waktos 
baris aya invasi Cirebon anu dirojong/dibantos ku Demak.

Miangna Surawisesa ke Malaka dina warsih 1512 henteu langsung ngabuahkeun 
hasil. Portugis mung ngirim tim ekspedisi penjajagan dina warsih 1513. Tome 
Pires lebet janten anggota ekspedisi  eta.

Angkatna Surawisesa ka Malaka anu kadua kalina dina warsih 1521, aya hasilna 
nyaéta dongkapna utusan Portugis anu dipingpin ku Hendrik de Leme (iparna 
Alfonso) ka dayeuh Pakuan dina warsih 1522. Dina rembugan diplomatik anu kadua 
éta disatujuan ku dua pihak (Sunda sareng Portugis) ngeunaan perdagangan sareng 
kaamanan. Dina warsih eta oge, Portugis dongkap ka Kalapa kanggo mancegkeun 
padrao, batu prasati. Saur sumber Portugis, dina waktos éta Surawisesa parantos 
dinobatkan ku Sri Baduga janten raja Sunda kalayan gelar Ratu Sanghiang.

Dina taun 1522, karajaan Sunda sareng Portugis ngadamel jangji-pasini dina 
tulisan rangkep dua, dimana masing-masing pihak nyepeng hiji. Dina 
jangji-pasini éta disatujuan wiréhna Portugis baris ngadegkeun benteng di 
Banten sareng Kalapa. Ku kituna unggal kapal Portugis anu dongkap baris 
dipasihan muatan pedes anu bakal digentoskeun sareng barang-barang kaperyogian 
anu disuhunkeun ku pihak karajaan Sunda. Saterasna dina waktos benteng ngawitan 
diwangun, pihak Sunda bakal maparin 1000 karung pedes unggal warsih seueurna 
dua "costumodos" (kirang langkung 351 kuintal). Namung pangwangunan benteng 
henteu tiasa langsung dilaksanakeun.

Saparantos Prabu Silihwangi wafat, kinten-kinten warsih 1526 / 1527, Cirebon 
ngawitan kumawantun narajang palabuhan Sunda Kalapa. Jangji pasini Sunda – 
Portugal henteu tiasa dilaksanakeun jalaran bantosan Portugis dongkapna telat 
ku margi Francisco de Sa anu dipasihan pancen ngawangun benteng kabujeng 
diangkat janten Gubernur Goa di India. Angkatna armada Portugis ka karajaan 
Sunda disiapkeun ti Goa ngagunakeun 6 kapal. Galiun anu ditaekkan ku De Sa 
sareng eusi parabot kanggo ngawangun benteng kapaksa dikantunkeun alatan armada 
ieu ditarajang angin puyuh lilimbungan di Teluk Benggala. De Sa sumping di 
Malaka warsih 1527.

Ekspedsi Portugis ti Malaka ka Sunda dilaksanakeun taun 1527. Kawitna ekspedisi 
teh ngarah ka Banten, tapi ku margi Banten tos dikawasa ku raja Hasanudin, 
lalampahan diteraskeun ka Palabuhan Kalapa. Tapi armada kasebat henteu terang 
yen Cirebon tos ngarebut Sunda Kalapa ti Karajaan Sunda, kapalna badarat caket 
teuing ka basisir anu antukna janten mangsa pasukan Cirebon. Ku margi kapal 
Portugis ngalaman kareksakan anu beurat sareng korban anu seueur, kapal 
Portugis ieu kabur ka Pasai. Warsih 1529 Portugis nyiapkeun 8 kapal kanggo 
ngabales serangan Cirebon, namung batal.

Perang karajaan Sunda sareng Cirebon teras lumangsung salami 5 warsih. Nanging, 
Cirebon henteu wantun naék ka darat, prajurit karajaan Sunda oge henteu wantun 
turun ka laut. Cirebon sareng Demak ngan ngawasa dayeuh-dayeuh palabuhan. Mung 
di bagian wétan pasukan Cirebon hasil nembus langgkung jero ka beh kidul ku 
karebutna Talaga (karajaan bawahan Sunda), benteng pamungkas karajaan Sunda di 
Galuh. Ti waktos harita Cirebon janten lemah sareng henteu ngalakukeun ekspansi 
deui.

Wassalamualaikum,
Asep Hadiyana
 
 
       
---------------------------------
You snooze, you lose. Get messages ASAP with AutoCheck
 in the all-new Yahoo! Mail Beta. 

Kirim email ke