soal batu kabah, sabenerna eta mah lain urang nyembah batu, pan babacaan
solat oge teu aya kecap batu hideung, aya ge kiblat. arah solat. sangkan
saragam sakuliah dunya nuju ka kiblat. eta laku simbolik. da ari tujuan
langsungna mah ka gusti Alloh. tapi ari keur sasab mah, teu apal dimana arah
kiblat, kaci solat arah ka mana bae, da pangeran mah aya di mana-mana.

kieu sugan, ari bahasa oge laku teh aya dua jinis,
nu hiji basa salancar atawa basa lugas
nu teu ngandung harti sejen. siga bahasa ilmiah, nu lain widang seni/sastra.

kadua, basa simbolis. aya di sastra jeung sajabana. tah kecap baitullah asup
kanu ieu.
imah Alloh. Masjid oge imah Alloh. masjid di Mekkah
nu di tengahna aya kabah, disebut masjid haram. piraku aya masjid haram.
haha
pangna kitu sabab dianggap tempat urang panggih jeung pangeran. rumah tuhan,
oge dikenal di agama tatangga.

batu nu dicarium, ngarana hajar aswad (hartina basa biasa, batu hideung).
nyium eta kalakuan simbolik, batuna mah teu dibere ngaran sejen, hajar aswad
we.

ayat qur'an aya nu simbolis aya nu salancar. aya nu ngahartikeunana salancar
aya nu simbolis.
siga ayat ngeunaan batal wudu nu paantel kulit. cek cenah, NU ngahartikeun
sacerewelana, Muhammadiyah mah ngahartikeunana eta teh basa simbolik, da
maksud sabenerna mah cenah pasamoan ema jeung bapa.


manawi nun

On 6/5/07, teddy sur <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  baraya..kuring anu lieur,atanapi emang dilieurkeun?
kieu....baraya:
dina hadis.urang islam teu menang/teu diwajibkeun
nyembah anu berhala,jinisna.patung,kayu,batu jeung
sajabana deui.anging Allah anu wajib disembah jeung di
puja.nahaa..ari prakna jadi nyembah batu.

ceunah di mekah aya BAITULLAH.bait hartina imah,tullah
hartina Allah berarti eta baitullah teh imah
Allah,naha enya Allah geus ngabogan imah?
ceunah eusina oge batu hideung nu gede?
naha enya Allah geus robah jadi batu?
ti jaman baheula nepi ka kiwari.

ahh..lieur ata mah.

__________________________________________________________
Boardwalk for $500? In 2007? Ha! Play Monopoly Here and Now (it's updated
for today's economy) at Yahoo! Games.
http://get.games.yahoo.com/proddesc?gamekey=monopolyherenow



--
geocities.com/mangjamal

Kirim email ke