Euleuh, geuning meni ngaruntuy kitu?

padahal upami nganggo software mah langsung wae atuh tina wokmen 
(walkman) ka PC, teras noise-na 'dikumbah' ku software.
Sae deui upami tina line-out tape deck (kaluaran tina pre-amp, sateuacan 
kana amplifier), langkung beresih deui geura.

Ngarekam sareng ngedit tiasa ngangge Nero7 (program candakan upami 
ngagaleuh CDRW/DVDRW), di dieu aya pasilitas kangge noise-cut na.

Sim kuring mah biasana ngarekam teh tina line-out tipi, biasana acara2 
samodel konser 'live'.

mangga ah, sawios upami bade teu ngartos oge.. Mugi nambih lieur.

Hatur nuhun,
iwan



Aschev Schuraschev wrote:
> Kantos masihan tembang "budak ceurik" ka kang firman sareng kang Aldo 
> sababaraha sasih ka pengker. Kumaha tah sae henteu?
> 
> Pribados ngarekam eta tembang nganggo cara anu rada benten, rada repot, 
> tapi paraosan mah noise-na henteu ageung teuing.
> 
> Cara sim kuring ngarekam:
> Kaluaran walkman atanapi tape recorder dihubungkeun sareng noise 
> reduction headphone. Soanten anu kaluar tina headphone ditampi ku USB 
> MP3 pleyer. Walkman, headphone sareng USB MP3 player disimpen dina lebet 
> tilas tas camcorder (kedap soanten). Hasil rekaman dina MP3 player telas 
> diumpankeun kana komputer teras diolah (dipotong-potong, dirapihkeun) 
> nganggo software.
> 
> Tah kitu pangalaman simkuring mah.
> 
> 

Kirim email ke