Kang Asep, cing si kuring bagi "budak ceurik"-na via japri... sok asa wa'as lah mun ngadangu kacapi suling teh...
komo mun sakantenan aya sareng "gandrung gunung" mah... tong asa-asa, sakantenan we kirimkeun heuheuheu... hatur nuhun ^_^ ----- Original Message ----- From: Aschev Schuraschev Subject: Re: [Urang Sunda] Re: transfer kaset lama ke mp3 dimana? Kantos masihan tembang "budak ceurik" ka kang firman sareng kang Aldo sababaraha sasih ka pengker. Kumaha tah sae henteu? Pribados ngarekam eta tembang nganggo cara anu rada benten, rada repot, tapi paraosan mah noise-na henteu ageung teuing. Cara sim kuring ngarekam: Kaluaran walkman atanapi tape recorder dihubungkeun sareng noise reduction headphone. Soanten anu kaluar tina headphone ditampi ku USB MP3 pleyer. Walkman, headphone sareng USB MP3 player disimpen dina lebet tilas tas camcorder (kedap soanten). Hasil rekaman dina MP3 player telas diumpankeun kana komputer teras diolah (dipotong-potong, dirapihkeun) nganggo software. Tah kitu pangalaman simkuring mah. .

