Manukna soteh baheula keur bujangan. Atuh da kaalaman sorangan sanggeus boga 
pamajikan, manehna jamedud, jaba nyeri dada, jaba embung disaruakeun jeung sora 
oplet, lain sedan, disaruakeun oge jeung si Gombar nu hideung tea. Jeung 
tibatan siga si Gombar mending siga Argo Gede. He he he punten ieu mah mung 
sakadar kampanye, wirehna kareta api model Argo Gede teh kedah dianggo, 
dipopulerkeun, atuh tugas pamarentah, KA argo argoan kedah diseueuran. 
   
  TS   

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          beu... ari dipedar ku manukna mah... tetela.. palasipah udud teh ni 
jero kitu, nya...

kumaha ari palasipah NGABAKO?

  On 6/5/07, trias santosa < [EMAIL PROTECTED]> wrote:            
  Jeung tibatan pasea antawis nu udud jeung nu teu udud, euweuh tungtungna. 
Mending urang ngabahas kecap udud dina basa sunda.
  Ieu endahna basa sunda 
  "udud" make hurup hirup "u" biwir kudu dimanyunkeun. Memang nu ngisep udud 
mah tangtuna ge manyun, mun teu manyun pamohalan bisa ngisep udud. Cobian geura 
bari udud biwirna ngucapkeun "a" tangtu moal kaisep, kulantaran kitu US baheula 
nyiptakeun kecap udud keur pagawean udud lain "adad", 
  Ngelepus udud, deui "ngelepus" make hurup "u", tungungna "s"  ngalambangkeun 
haseup nu suak seok ngapung katebak angin.






  

         

       
---------------------------------
Moody friends. Drama queens. Your life? Nope! - their life, your story.
 Play Sims Stories at Yahoo! Games. 

Kirim email ke