Wa'alaikumsalaam w. w. Rampes, mangga ka lebet, Kang Zaenal... Nepangkeun oge, kuring Sikandar ti Garut. Nyiar kipayah di Jakarta, tapi kulawarga mah di Jatinangor, nu aya Jatos tea geuning... heuheu...
Mangga dilajeng, ulah isin-isin ulah asa-asa, da teu aya maung di dieu mah... On 6/7/07, H. Zaenal Arifin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sampurasun.. Assalamu'alaikum Wr.Wb Kahatur urang sunda anu ngiringan kana ieu millis, wabil khusus ka para kuncen, simkuring ngahaturkeun nuhun kana ayana ieu millis .. simkuring nembe terang aya millis anu Insya Allah seueur pisan manfaatna. Nepangkeun simkuring pun Zaenal Arifin kawit ti limbangan Garut, rorompok ayeuna di cicalengka ari pakasaban simkuringteh kaleureusan di travel agent anu aya di bandung bagean Haji sareung Umrah.

