Leres tambih lieurna teh..heuheu
Dina bukuna Tata Basa Sunda kenging Pa Abud Prawirasumantri mah kieu: kecap
pagawean transitif teh kecap pagawean nu meryogikeun objek (teu bisa henteu),
saperti nalipak, atanapi ngagantung, teu tiasa "manehna keur ngagantung",
karasana henteu "rangu", atawa ceuk legegna mah teu gramatis, kedah
ditungtungan ku objek nu mangrupa kecap barang.
sabalikna jeung intransitif anu bebas, bade nganggo objek bade henteu mangga.
saperti kecap dahar dina kuring keur dahar . naha bade ditambihan jadi dahar
odading atanapi henteu ge bebas.
Jgana justru kcap pagawean anu transitif saupama ditungtungan ku kecap
"maneh" hartina jadi "diri" (self) tea.
tapi sundana transitif atanapi intransitif naon nya, bilih aya???
baktos,
Adit
hehehe, ngarah tambah lieur jeung ngarah rada konsisten. cing urang
tambahan syaratna, bari urang toong rada teleb, make teteorian. kieu
meureun dongengna:
kecap gawe nu ngabalukarkeun kecap "maneh" jadi gaganti diri kahiji,
eta teh nalika kecap gawena, kecap gawe 'intransitif' , jadi lain kecap
gawe nun jadi pagawean subjek utama. contona kieu: kang ndoel keur
ngagelendeng si jay, "cing sing nalipak maneh atuh euy silaing teh!".
tah didieu 'nalipak' teh lain pagawean si kang ndoel, tapi pagawean nu
kudu dipilampah ku si jay, batur ngabako kang ndoel. jadi lebah dieu,
kecap gawena ditarik dikawinkeun jeung kecap maneh, jadi frasa anyar,
frasa majemuk.
tah upama, kecap "maneh" pangantenanana jeung kecap gawe 'transitif',
hartina pagawean nu dipilampah ku subjek utama, di dieu mah hartina
kecap ganti diri kadua, jiga dina kalimah: "urang nelepon maneh, ngan
hanjakal manehna euweuh." atawa "heueuh ke urang nyampeur maneh." tah
di dieu mah kecap gawe "nelepon" jeung "nyampeur" teh kecap gawe nu
dipigawe ku subjek utama. tah di dieu mah, teu kajadian maneh
kakawinan jeung kecap gawe, tapi maneh ukur jadi batur ngomong.
meureun deui wae, hehehe.
salam,
mh
---------------------------------
Building a website is a piece of cake.
Yahoo! Small Business gives you all the tools to get online.