Ke*ke*Kang Deny, nu dibulaoan ku abdi teh nami sim kuring? Pami leres, 
haaarrr*naha pengker nami abdi nganggo "h" ? Janten emut ka pilem "Jomblo", 
unggal Agus Ringgo (artis kameumeut da rarayna pikaseurieun, teu nuju ngabodor 
oge angger hayang seuri) nyarios hiji kecap, ku rerencanganana sok 
ditempas,"Gak pake H!" heheh*ciciren urang Sunda sok ditungtungan ku "H".
 
Amiiin yaa robbal alamiin*nuhun piduana baraya*. 
Kang Deny mah "mitnah" teh ni sae kieu*bade munggah Haji?...ni maruriding* 
heheh*timana waragadna nya? Hanjakal teu aya program Haji Nurdin di pakulian 
abdi mah...hiks...
Kantos dua taun kapengker aya rerencangan munggah haji, abdi ngaraos "sirik" 
dugi ka reumbay cisoca waktos takbiran netepan Idul Adha, dina manah 
ngageremet, "Duh, Gusti iraha abdi tiasa munggah Haji?"
Kacipta pami leres teh, ngaleut ngabandaleut sakloter sareng balad Kusnet resep 
kacida! 
Ah, tapi teu aya nu mustahil ari Allah marengkeun, pasti kajantenan. Mugia 
diijabah. 
 
ro2

>>> [EMAIL PROTECTED] 06/08/07 02:14PM >>>
Didu'akeun pisan
Amiiiiiiiiin.....

-dul-

--- In [email protected], "H. Zaenal Arifin" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> 
> Hajjammabruro, wasa'yammasykuuro, wadzambammadzkuuro, mugia 
janteun haji anu mabrur salamet di perjalanan, wangsul deui ka tatar 
sunda bari aya dina kawilujeungan sareng istiqomah ngajagi 
kamabruran haji.. randapan nikmatna ibadah di tanah suci hibarna 
Baitullah mugia ngajanteunkeun caangna Hate urang, sareng leungitna 
dosa anu napeul dina diri , curucudna cisoca anu rag - rag payuneun 
Ka'bah cing janteun saksi tobatna urang jaga di akherat.. Amiin 
> Wilujeng ka :ua sas, uwa sidik, MJ, teh ika, teh roroh sareng 
kang deny
> 
> 
> Dena <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Alhamdulillah, dina taun payun ua sas, uwa sidik, 
> MJ, teh ika, teh roroh sareng uing bade jarah ka 
> tanah suci. Piduana bae ti sadayana!
> 

Kirim email ke