> From: Dulhalim > To: [email protected] > Benda yang mahal harganya akan dijaga dan dibelai serta disimpan > ditempat yang teraman dan terbaik. Sudah pasti intan permata tidak akan > dibiar terserak bukan? Itulah bandingannya dengan seorang wanita.
Beu...... geuning awewe teh ukur dianggap BARANG (=benda), teu dianggap jelema. Sanajan babandinganana jeung inten-permata ge, angger we barang, ari keur perlu duit mah bisa wae DIJUAL sanajan bari lebar oge. Paingan atuh di urang loba kasus trafficking da anggapanana awewe mah bisa dijual-beulikeun siga barang. Dina koran Tribun Jabar dinten ieu (8 Juni 2007) aya beja yen peringkat KAHIJI jeung paringkat KATILU sacara NASIONAL kasus ngajualan awewe dicepeng ku INDRAMAYU jeung CIANJUR!. Jeung lamun teu salah di tingkat provinsi, JABAR oge aya dina ranking hiji! Aya hubunganana jeung pamandegan yen awewe teh sarua jeung inten-permata kitu? Baktos, WALUYA

