Poe Jumaah kasorenakeun aya ondangan ti Musium Sribaduga, pikeun ngilu hadir kana acara milangkala musium Sribaduga ka 27 poe Saptu tanggal 8 Juni 07, aya acara pameran anu temana Budaya Cina di Tatar Sunda, Urang wangun sarupa nu asalna rupa-rupa. Enya we barang datang ka Musium teh geus rame, acara dimimitian jam 9 isuk-isuk, rame ku engkoh-engkoh jeung encim-encim, Tan Deseng ge aya. Maca leaflet pameran aya nyebutkeun anu asalna ti Cina diantarana baju kampret jeung calana pangsi, kelom jeung payung geulis. Alat transportasi padati, malah tutumpakan anu disebut Kereta Paksinagaliman ge asalna ti Cina. Geus puguh ari sempoa jeung dacin mah da ngaranna ge Cina pisan. Kitu deui kadaharan kayaning tahu, tauco, toge, bacang asalna ti Cina. Anu sejen geus asup kana kosakecap Sunda nyaeta kamoceng, pengki,loteng,ubin, wuluku, pangkeng, sibeungeut (si-bing-e), taneuh (to-nieh), sosi atawa konci (so-sih). Hali ieu ge kantos diserat ku Ibu Fatimah Djajasudarma dina PR. Pameran teh ti kaping 8 dugi ka kaping 10 Juni 2007. Cik tina sakitu puluh rebu kecap basa Sunda, aya sabaraha anu asalna tina basa Cina..?. Mangga ka ahlina geura ditalungtik.
MSasmita

