Amiiinnn. Mugi-mugi ieu doa sadayana teh diijabah ku Alloh Swt. Kamari teh ngobrol sareng pun anak, nu kakara kelas 4 SD, nya kuring teh ngalalanyahan ngobrol hal jarah, na celengkeung teh pun anak nyebatkeun ...atuh Abah munggah haji mah ulah gondrong.....!!!, lah kuring sakedapan mah ngahuleng heula, enya buuk kuring teh ayeuna keur gondrong. Sanggeus ngobrol rada lila budak teh leah, ngadoakeun sangkan pamaksudan buru-buru laksana, ngan ganjelanana aya keneh nyaeta Kang Mamat Rachmat alias jajaka kapaksa tea teu acan nandatangan persetujuan THT anu pangsiun (euy...bejakeun buru buru tandatangan kituh....bisi diontrog ku uing ....kamari mah kakara nulis dina surat pembaca...he he...., engke mah diontrog kituh....beja ti ketum-ketua umum teh rada patojaiah jeung beja ti tukang nego-na, teuing mana nu bener).
Ka Kang Deny Suwarja nuhun ah, leres mugi we aya jurung doa ti 40 jalmi ambih enggal laksana, sugan we leres ngaleut ti Kusnet. MSas ----- Original Message ----- From: mamat rachmat To: [email protected] Sent: Thursday, June 07, 2007 5:06 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Sampurasun Lain.. Mang Jamal.!!!.. Abdi teh tadi enjing2 pendak sareng Ua Sas.....tos nyandak Bisluit(?) anu panungtungan cenah, Ua Sas oge hayang munggah haji, mun tiasa mah tau ieu cenah.... cik sugan Kang H. Zaenal tiasa nulungan......... Hayu Urang Du'a keun... Ua Sas sing enggal munggah haji..... Was : Mamatrachmatmantanjajakakapaksa ----- Original Message ----- From: Siddik Wiradireja To: [email protected] Sent: Friday, June 08, 2007 7:18 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Ua Sas sakloter sareng teh ika Amiiinnn...ya robaal alamiinnn..., mugi Allah SWT mukakeun jalanna... ssw heuheuheu...ieu gara-gara HOAXna urang Cibatu...

