--- In [email protected], "Agus Hermawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Komo da ayeuna mah loba tokoh nu hareupna make panggilan Aa. > Tah, ayeuna istilah Aa teh meunang disebut geus sajajar jeung > panggilan "Mas" keur urang jawa nu dipake di mana-mana tempat... > Ngan nya eta atuh bedana. Mun aya jalmi digero Aa ku batur teh > ayeuna konotasina bisa bet negatif nya? Panggilan Aa teh di Jakarta > (nu kabandungan ku kuring) remen dipake keur ngagero lalaki cunihin, > tukang kawin, resep salingkuh jeung cocoan atawa awewe simpenan di > mana-mana...
Aya sabaraha hal sigana mah Aa Agus. Kahiji loba "Aa" nu cunihin jeung resep ka awewe. Ditambah deui aya saurang "Aa" nu ngageunjleungkeun Indonesia kulantaran nyandung (nu hartina sarua wae rada beuki ka awewe). Kadua, loba awewe bangor di jakarta jeung sabudeureunana nu asal- muasalna ti tatar sunda (kudu diaku, da memang kanyataanana kitu), manehna meureun nyalukan langgananana ku "Aa" ngarah "mesra". Ngan ulah leutik hate, sabab di Jawa Tengah jeung Jawa Timur mah tetep we ngageroannana teh ku "Mas...", hehehe Katilu, urang sunda umumna tarukang heureuy, komedian dina TV katingalina didominasi ku urang Sunda. Akibatna Panggilan "Aa" konotasina kana heureuy , lain kana hal-hal nu serieus. kaopoatna ..... ah bagean nu sejen, da kuring ge ukur pantesna. Baktos, WALUYA

